Berkah Ramadhan, PWI Peduli Jabar Berbagi Ngadongdon Panti Lansia  

- 10 April 2023, 16:19 WIB
Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat, jeung Ketua IKWI Jawa Barat, Jiean Ajiyanpi Novalia, ngabagikeun bingkisan ka para lansia di Panti Lansia J. Soenarti Nasution, Jalan Pak Gatot No. 20, Gegerkalong, Kota Bandung.*
Ketua PWI Jawa Barat, Hilman Hidayat, jeung Ketua IKWI Jawa Barat, Jiean Ajiyanpi Novalia, ngabagikeun bingkisan ka para lansia di Panti Lansia J. Soenarti Nasution, Jalan Pak Gatot No. 20, Gegerkalong, Kota Bandung.* /Yus H/PWI Jabar/

 

GALURA - Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Peduli reujeung Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Jawa Barat, nuluykeun kagiatan berkah ramadan babagi bingkisan sembako jeung uang saku pikeun para lansia di Panti Lansia J. Soenarti Nasution, Jalan Pak Gatot No. 20, Gegerkalong, Kota Bandung, Sabtu (8/4/2023)

Ketua PWI Peduli Jawa Barat, Yus Hermansyah nyebutkeun, bantuan bingkisan jeung uang saku nu dipasrahkeun ka éta panti téh enggoning nebarkeun kabagja ka para sepuh. "Ieu kagiatan gé minangka media edukasi kanggo numuwuhkeun kasadaran babakti tur mikanyaah sepuh, supados kasulit sareng kasedih nu dipayunan ku aranjeunna janten langkung hampang," pokna.

Numutkeun Yus Hermasyah, lansia nu meunang bantuan sembako jeung uang saku téh réana 37 urang. Panti jompo 25 urang, pangurus panti 12 urang. "Bantuan nu dipasihkeun téh sadayana ti pangurus PWI Peduli sareng pangurus PWI Jawa Barat," cenah.

Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat ngungkabkeun, ngadongdonna PWI Peduli jeung IKWI Jawa Barat ka panti lansia téh minangka silaturahmi bari babagi rejeki ka para lansia di panti jompo.

Numutkeun Hilman, ieu program husus Ramadan nu diayakeun ku PWI Jawa Barat, IKWI Jawa Barat katut PWI Peduli téh salasahiji program sosial nu kacida hadéna. "Ku kituna, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pangurus PWI Jawa Barat anu parantos narékahan ieu program. Mugia amal ibadah urang dina bulan suci Ramadan kéngéng barokah ti Allah swt,” ceuk Hilman.***

Baca Juga: Berkah Ramadhan, PWI Jabar jeung PWI Subang Méré Santunan ka 100 Budak Pahatu Lalis  

Baca Juga: Rampak Buka Puasa, Ketua PWI Jabar Medar sual Tatahar Puncak HPN jeung Kongres PWI Pusat

Baca Juga: Di Bulan Suci Ramadhan, PWI Kabupaten Bandung Babagi Kadaharan keur Buka, Waragadna Sumbangan ti Donatur

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x