Berkah Ramadhan, PWI Jabar jeung PWI Subang Méré Santunan ka 100 Budak Pahatu Lalis  

- 10 April 2023, 15:58 WIB
Pangurus PWI Jabar jeung PWI Kab. Subang méré santunan ka 100 budak pahatu lalis (anak yatim piatu). Ieu program nu dipokalan ku Ketua PWI Jabar, H. Hilman Hidayat, téh sacara simbolis dipasrahkeun ku wawakilna, Sekretaris SIWO PWI Provinsi Jabar, Pujo Hastowo.*
Pangurus PWI Jabar jeung PWI Kab. Subang méré santunan ka 100 budak pahatu lalis (anak yatim piatu). Ieu program nu dipokalan ku Ketua PWI Jabar, H. Hilman Hidayat, téh sacara simbolis dipasrahkeun ku wawakilna, Sekretaris SIWO PWI Provinsi Jabar, Pujo Hastowo.* /Dok. PWI Jabar/

 

GALURA - Dina bulan suci Ramadan 1444 Hijriah ieu, réngréngan pangurus Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Jabar jeung PWI Kabupaten Subang ngayakeun kagiatan sosial, salasahijina méré santunan ka 100 budak pahatu lalis (anak yatim piatu).

Program santunan nu dipokalan ku Ketua PWI Jabar, H. Hilman Hidayat, téh sacara simbolis dipasrahkeun ku wawakilna, Sekretaris SIWO PWI Provinsi Jabar, Pujo Hastowo, jeung Seksi Olahraga di SIWO PWI Jabar, Giri, di buruan Kantor PWI Subang, Jalan Kertawigenda, Subang, Saptu (8/4/2023).

Ieu kagiatan nu temana 'PWI Bakti Ramadhan ' téh diluuhan ku Ketua Korwil Purwasukasi, H. Nano Suwarno, Ketua PWI Subang, Zaenal Mutaqin, Ketua Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Kabupaten Subang, Hj. Rika Pertawati, para pangurus PWI jeung IKWI Subang, fans Radio RealNews FM PWI Subang, katut ondangan lianna.

Ketua PWI Subang, Zaenal Mutaqin, ngahaturkeun nuhun ka Ketua PWI Jabar, H. Hilman Hidayat anu dina bulan Ramadan taun ieu ieu méré deui santunan ka barudak nu sumebar di 13 Kabupaten/Kota di Jawa Barat, anu dikoordinir ku masing-masing PWI Kabupaten/Kota. Utamana di Kabupaten Subang, aya 100 barudak yatim nu boga hak narima duit jeung nasi boks nu geus disiapkan.

Baca Juga: Rampak Buka Puasa, Ketua PWI Jabar Medar sual Tatahar Puncak HPN jeung Kongres PWI Pusat

Barudak pahatu lalis (yatim piatu) téh saméméhna didata ku anggota PWI Subang nu ngawengku wawakil ti Subang Utara, Subang Selatan, jeung Subang Tengah.

"Mugia kasaéan Ketua PWI Jabar téh kéngéng ganjaran ti Allah swt, tur ditikelkeun pahalana margi pelaksanaanana dina pertengahan sasih Ramadan. Ieu kagiatan ogé tiasa dijadikeun ajang silaturahmi pangurus PWI, IKWI Subang, sareng sakumna masarakat Subang," ceuk Zaenal nu dibarengan ku Sekretaris Umum PWI Kabupaten Subang, H. Yaman.

Zaenal miharep, bantuan nu dipasrahkeun ka barudak pahatu lalis téh bisa ngadorong maranéhna sangkan leuwih sumanget deui ibadah dina bulan Ramadan.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x