Sapuluh poe samemeh lebaran, urang kudu loba itikaf di masjid. Paling henteu sabada asar. "Ulah tepi ka pisapuluhpoeeun deui ka lebaran, urang kalah ka meakkeun waktu di mall, neangan baju," ceuk Ustadz H. Aang bari seuri.
Ngalakonan ibadah puasa saperti kitu, urang pasti beubeunangan, lain ngan ukur meunang hanaang jeung lapar. "Dua kabagjaan tina puasa pasti karasa: nikmatna buka puasa jeung nikmatna tepung jeung Alloh SWT," ceuk Ustadz H. Aang.***