Sahur Munggaran Anggota DPRD H. Uya Mulyana di Imah Warga, Mageuhkeun Silaturahmi

- 25 Maret 2023, 04:00 WIB
Anggota Fraksi PKB DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana.*
Anggota Fraksi PKB DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana.* /(Dok. Sopandi)./

GALURA - Anggota Fraksi DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana sahur munggaran dina bulan Ramadan 1444 Hijriyah, 23 Maret 2023, di imah Juhro, warga RT 02 RW 03 Desa Rahayu, Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung.

Saperti nu disorang ku Bupati Bandung Dadang Supriatna nu ogè Ketua DPD PKB Kabupaten Bandung nu sahur munggaran di lemburna, H. Uya ogè sahur munggaran di imah warga tèh minangka mageuhkeun silaturahmi jeung malirè ka warga nu kurang mampuh di bulan suci Ramadan.

Uya ngaku, iwal ti sahur ogè babagi sabagèan rejeki. "Mugia aya mangpaatna kanggo ngabantos salami sasih saum," pokna.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

Uya miharep, kagiatan babagi rejeki di bulan suci Ramadan téh dilakukeun ku para pangusaha jeung warga masarakat nu mampuh, hususna di Desa Rahayu, umumna masarakat di Kabupaten Bandung.*** Sopandi

Baca Juga: Bupati Bandung Dadang Supriatna Sahur Munggaran Ramadan di Hiji Imah Warga Program Rutilahu

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x