Safari Ramadan 1444 H Ponpes Lirboyo di Priangan, Bakti Santri pikeun Nagri

- 25 Maret 2023, 03:55 WIB
Parasantri Lirboyo Kediri, dina bubuka kagiatan Safari Ramadan 1444 H Daerah Priangan Ponpes Lirboyo, di aula Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kab. Bandung Barat, Salasa, 21 Maret 2023.*
Parasantri Lirboyo Kediri, dina bubuka kagiatan Safari Ramadan 1444 H Daerah Priangan Ponpes Lirboyo, di aula Ponpes Roudlotul Ulum Cisasawi, Desa Cihanjuang, Kab. Bandung Barat, Salasa, 21 Maret 2023.* /Dok. Ponpes Lirboyo Kediri /

GALURA - Program Safari Ramadan Santri Lirboyo di daerah Priangan taun ayeuna museur di Kabupaten Bandung Barat.

Dina Ramadan 1444 H, parasantri Lirboyo ngalaksanakeun safari geusan ngamalkeun élmu kalawan babakti ka masarakat.

Salila kira tilu minggu, ti awal tepi ka tanggal 23 Ramadan, santri Lirboyo nu diwengku tingkat Ma'had Aly jeung Aliyah téh dumuk di lingkungan masarakat.

Ponpes Lirboyo téh ayana di Kec. Mojoroto, Kota Kediri, Jawa Timur, sarta Safari Ramadan di Priangan nu ayeuna minangka nu kalima kalina. Saméméhna kungsi dilaksanakeun di Garut jeung Sumedang.

Ketua Pelaksana Safari Ramadan 1444 H Daerah Priangan Ponpes Lirboyo, Fakhri Muhammad Ash, ngécéskeun, aya 36 santri nu sumebar di Desa Cihanjuang jeung Sariwangi, Kec. Parongpong, Kab. Bandung Barat.

Baca Juga: Ponpes Roudlotul Ulum, Lalakon 20 Taun Ihtiar Geusan Ngagumelarkeun SDM nu Mibanda Ahlakul Karimah

Maranéhanana mondok di 8 masjid budeureun Cihanjuang, turta 3 masjid budeureun Sariwangi.

Di unggal masjid aya nu tiluan atawa opat santri nu ngalakonan éta Safari Ramadan.

"Program Safari Ramadan Ponpes Lirboyo téh boga maksud geusan ngalarapkeun élmu nu salila ieu diteuleuman di pondok, kalawan notog kana udagan babakti ka masarakat," pokna, Kemis, 23 Maret 2023.

Salila mondok di masjid-masjid jero bulan puasa Ramadan téa, maranéhanana milu aub kana pirang-pirang kagiatan di masjid.

Baca Juga: Tarhib Ramadan 1444 H jeung Pawéy Obor DKM As Salaam, Maheutkeun Silaturahmi Warga

Antarana waé ngayakeun tadarusan, kelas pangajian, ngimaman salat tarawéh, ngeusi jadwal kultum tur kuliah subuh, katut kolaborasi program jeung nu geus maneuh diayakeun di masjid tempat maranéhanana mondok.

"Rupa-rupa program nu dilakonan salila Safari Ramadan téh minangka sarana latihan parasantri enggoning ngawewegan élmu jeung pangalaman saméméh engkéna ancrub ka lingkungan masarakat," ceuk Fakhri Muhammad Ash.

Tah, sanggeusna réngsé mah, éta parasantri téh nyieun laporan Safari Ramadan téa minangka salasahiji tinimbangan pangajén katut evaluasi. ***

 Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x