Tajil Ramadan di Masjid Ath Thaariq, Wujud Gotong Royong Warga

- 24 Maret 2023, 05:29 WIB
Jamaah rampak buka (buka Bersama) ngararasakeun tajil pangirim warga di Masjid Ath Thaariq, Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 23 Maret 2023.*
Jamaah rampak buka (buka Bersama) ngararasakeun tajil pangirim warga di Masjid Ath Thaariq, Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kab. Bandung Barat, Kemis, 23 Maret 2023.* /Anie Imam/

GALURA – Tajil Ramadan di Masjid Ath Thaariq keur nu buka puasa geus diayakeun ti awal taun 1990-an.

Masjid Ath Thaariq nu ngadeg taun 1987 téh méh unggal bulan Ramadan teu weléh ngédarkan jadwal tajil ka sakumna warga.

Tradisi tajil Ramadan dikirim ka Masjid Ath Thaariq saméméh waktu buka puasa.

Aya kalana sababaraha poé atawa pisaminggueun Ramadan, warga sok geus pada naranyakeun jadwal tajil.

Dina Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), kecap ‘takjil’ téh hartina ngageura-geura buka puasa.

Tajil tina akar Basa Arab, ‘ajila’, hartina geura-geura.

Ngan dina kamekaranana, tajil meh dihartikeun kadaharan keur ngabatalan nalika buka puasa atawa Magrib.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah jeung Buka Puasa Poé Ka-2 Ramadan 2023 di Jawa Barat

Ceuk sesepuh Masjid Ath Thaariq, H. Slamet Pranoto, awalna mah dina sapoéna ukur 2 kulawarga nu ngirim tajil Ramadan téh.

Ka dieunakeun jumlah warga mingkin nambahan, tepi ka ayeuna mah nu ngirim tajil dina sapoéna rata-rata aya 6 kulawarga.

Tah, dina Ramadan 1444 H ayeuna, kira aya 180 kulawarga nu ngirim tajil ka Masjid Ath Thaariq.

Masjid Ath Thaariq téh perenahna di Kompleks Bumi Hanjuang, Desa Cihanjuang, Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Sajeroning kitu, Koordinator Program Tajil Ramadan Masjid Ath Thaariq, Ibu Ani Imam, mertélakeun, rupa-rupa jenis kadaharan tajil nu dikirim ku warga téh. Kayaning korma, goréngan, kuéh, biskuit, bolu, bungbuahan, sop buah, martabak, puding, jeung nu lianna.

“Nalika waktu Magrib, jamaah teu kolot teu budak, ngararasakeun tajil di téras masjid. Suasanana mungguh pikagumbiraeun,” pokna.

Baca Juga: Jadwal Imsakiyah Kota Bandung Salila Bulan Ramadan 2023

Mun meneran tajil téh nyésa kénéh, sok diancokeun jangeun nu bubaran tarawéhan.

Berekah Ramadan, unggal poéna tajil tara ieuh nyésa.

Lagu nyusun jadwal ngirim tajil koordinasi jeung para Ketua RT, pikeun mikanyaho naha aya warga nu pindah atawa aya warga anyar.

“Ku kituna diusahakeun sangkan taya aya warga nu kaliwat dina daftar ngirim tajil. Sapoé atawa dua poé méméh Ramadan, warga geus nampa éta jadwal ngirim tajil,” ceuk Ibu Imam.

Rata-rata sakur kulawarga kabagéan sakali ngirim tajil, tapi teu nutup kamungkinan bisa waé ngirim leuwih ti sakali gé.

Tajil Ramadan di Masjid Ath Thaariq insyaallah jadi kaberekahan di satengahing ngalakonan ibadah puasa Ramadan, ogé minangka wujud gotong royong warga. ***

 Baca Juga: Tarhib Ramadan 1444 H jeung Pawéy Obor DKM As Salaam, Maheutkeun Silaturahmi Warga 

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x