Hadad Alwi Ngahipnotis Warga dina Harlah 1 Abad NU Tingkat Kabupaten Majalengka

- 12 Maret 2023, 19:04 WIB
Dina Harlah 1 Abad NU tingkat Kabupaten Majalengkadi Alun-Alun Talaga (11/03/20023)m Haddad Alwi lir ngahipnotis masarakat.
Dina Harlah 1 Abad NU tingkat Kabupaten Majalengkadi Alun-Alun Talaga (11/03/20023)m Haddad Alwi lir ngahipnotis masarakat. /Ayank R Sambara/Galura

Ketua Pengurus Wilayah Nahdlatul Ulama (PWNU) Provinsi Jawa Barat KH Juhadi Muhamad nambahkeun, asup di Abad ka-2 NU, aya sababaraha lengkah sangkan NU leuwih maju sarta angger gede mangpaatna keur umat.

Aya tilu lengkah nu kudu dilaksanakeun tehe: migawe parobahan dina sagala hal, boh ku warga NU sacara individu boh sacara kalembagaan.

Kadua, Struktur Kaelmuaan. Penting pikeun warga NU pikeun tuluy ngaronjatkeun kapasitas Sumber Daya Manusia (SDM) dina sagala widang kahirupan sangkan NU bisa tuluy gede kontribusina keur bangsa katut nagara.

"Pamungkas, nu katilu, warga NU kedah mibanda lembaga boh formal oge non formal. Ieu sarana kangge syiar NU supaya langkung nerekab," ceuk ieu ketua manten PCNU Kabupaten Indramayu teh.

Baca Juga: Kapolres Majalengka Dileler Pangajen, LPAI Ngarojong Polres Ngungkab Kasus Kajahatan ka Barudak

Ketua Pengurus Cabang Nahdlatul Ulama (PCNU) Kabupaten Majalengka KH Dedi Mulyadi nyebutkeun, mieling Milangkala Saabad NU Kabupaten Majalengka di Kecamatan Talaga dina raraga sulaturahmi masarakat Majalengka di wilayah kidul.

Ceuk ieu pengasuh Pondok Pesantren Darul Atqiya Maja, NU kiwari bakal ngajaga tur ngariksa NKRI. “NU tetep jadi benteng NKRI," pokna.

Bupati Majalengka netelakeun NU Majalengka dipiharep leuwih tumuwuh leuwih pengkuh, jadi tauladan dina kaislaman, toleransi, ngajaga persatuan, sarta mibapa ka jaman.

"Simkuring Pemkab Majalengka kawilang ngahaturnuhunkeun ka NU nu parantos sinergi sareng pamarentahan daerah dina ngalaksanakeun tugas tur kawajibanana,” ceuk Bupati Majalengka.*** Ayank R Sambara

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x