GALURA-Aya 4 urang warga labuh tina sapedah motor, di Jalan Aruji Kartawinata, pancegna hareupeun SMAN 2 Kuningan, Senen, (13/2/2023).
Nu ngalantarankeunna mah leueur ku oli anu bahe lebah dinya, antukna sapedah motor ngagaleong, anu numpakna labuh.
Ceuk Mh. Khadafi Mufti, Kepala Unit Pelaksana Teknis Pemadam Kebakaran ( UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan, anu labuh teh Anggun (31), urang Desa Cisantana, Kecamatan Cigugur.
Baca Juga: Ngolah Runtah Palastik di Desa Tugumulya, Kiwari Geus Make Mesin
"Ibu Anggun geubis tina sapedah motor Honda Beat. Sampeanna bared, tapi teu parna," ceuk Khadafi
Ku ayana eta kajadian, sababaraha urang patugas Damkar Kuningan dipingpin langsung ku Khadafi, meresihan eta jalan nu leueur ku oli anu bahe tea.
"Atos diberesihan tadi sonten, paur bilih seueur pangandara sapedah anu geubis deui,"ceuk Khadafi.***