Ngolah Runtah Palastik di Desa Tugumulya, Kiwari Geus Make Mesin

- 13 Februari 2023, 17:30 WIB
Salah saurang warga keur ngolah runtah palastik make mesin.
Salah saurang warga keur ngolah runtah palastik make mesin. /DOK PEMDES Tugumulya/

GALURA-Kelompok masarakat di Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, kiwari geus boga mesin modern pikeun ngolah runtah palastik.

Samemehna, make paralatan manual pikeun ngalebur palastik jadi adonan palastik bahan baku nyieun pavingblok.

Ceuk Sekretaris Desa Tugumulya, Nana Suherna Rahmat, pakakas atawa paralatan manual anu biasa dipake ngalebur runtah palastik teh hawu jeung baskom kaleng.

Baca Juga: Di Desa Tugumulya, Runtah Bisa Dipake Mayar Pajeg

Ari pikeun manaskeunna, ngamangfaatkeun oli urut. Cara proses kitu, kiwari geus ditinggalkeun, da geus make alat mesin bahan bakar gas tea.

Pemerintah Desa Tugumulya, ceuk Nana, ngarojong kelompok masarakat pikeun nyieun paralatan mesin, make sistem molding.

"Maksadna mah kanggo ngaronjatkeun produk pavingblock, nganggo bahan adonan palastik," pokna.***

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x