Dua Wangunan di Cinyawar Talegong Garut Kareumpeukan Tatangkalan Nepi ka Burakrakan, Untung Taya Korban

- 5 Februari 2023, 14:30 WIB
Hiji wangunan nu burakrakan alatan katinggang tatangkalan/Galura/Aam PS
Hiji wangunan nu burakrakan alatan katinggang tatangkalan/Galura/Aam PS /

GALURA - Dua wangunan (bangunan) nu aya di Dusun Cinyawar Desa Selaawi Kacamatan Talegong, Kabupaten Garut kareumpeukan tatangkalan nu rungkad nepi ka burakrakan.

Ungtungna wae, eta kajadian teu ngalantarankeun korban jiwa, saban nu nyicinganana pareng keur di luar.

"Teu aya korban jiwa," cek Camat Talegong Mohammad Badar Hamid ka Galura, Minggu 5 Pebruari 2023.

Baca Juga: Alun-Alun Garut, Diropea tapi Merenah Keneh Disebut Alun-Alun, Ciri Hasna Teu Leungit

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Baca Juga: Endog Lewo, Kuliner Has Garut, Emplod nu Boga Ngaran Husus Alatan Beda Rasana

Nurutkeun katerangan, kareumpeukanna wangunan di Selaawi teh Saptu 4 Pebruari 2023 kamari, kira jam 07.00 WIB.

Imah nu kareumpeukan, nu hiji bogana warga ngaran Ridwan, ari nu hiji deui panggung pagelaran bogana SN di Cinyawar.

 

Nurutkeun katerangan, malem Saptu mangkukna wewengkon Cinyawar digeyer hujan dibarung angin.

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Baca Juga: Pemkab Garut Ngawanohkeun Logo Tepung Taun ka-210 Kota Dodol, Taglinena 'Purnamakarya Rucita Wibawa'

Eta hal ngabalukarkeun sawatara tangkal rungkad. Di antarana nu ninggang dua wangunan eta.

"Nalika panggung pagelaran kareumpeukana ge taya korban da kaleresan perenahna rada tebih ti kelas," pokna. ***

 

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x