Cek Bobotoh, Persib Kudu Meunang Meh Aya di Puncak Klasemen Deui, Ieu Link Live Streaming Persib vs PSIS

- 31 Januari 2023, 14:30 WIB
Ilustrasi bobotoh Persib Bandung
Ilustrasi bobotoh Persib Bandung /Pikiran Rakyat/Armin Abdul Jabbar/

GALURA - Persib Bandung dipiharep bisa meruhkeun PSIS Semarang di kandangna di Stadion Jatidiri, Salasa 31 Januari 2023 pasosore.

Mun dina laga engke bisa meunang, Persib bakal naek deui ka puncak klasemen BRI Liga 1 2022/2023 nu ayeuna dicicingan Persija Jakarta.

"Didoakeun, Persib sing mangprang maenna jeung ngelehkeun PSIS Semarang," cek Dedi, bobotoh Persib asal Jatinangor basa tepung di hiji mol di Jatinangor.

Baca Juga: Palakiah Ngadeteksi Santet, Sihir atawa Teluh Cek Ahli Spiritual Jawa Mbah Yadi : Gayem Daun Seureuh !

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

Nurutkeun Dedi, mun nilik hasil nu geus dicangking Persib nalika aduhareupan jeung PSIS Semarang, Persib moal hese ngelehkeun lawanna, sok sanajan di kandangna sorangan.

Margalantaranna, tina 5 laga lawan PSIS, Persib can kungsi eleh, paling copel gedeg, 0-0. Padahal tina 5 laga eta, aya nu maenna di kandang PSIS nu boga fans fanatik cara boboh di Persib Bandung.

"Janten, nilik eta mah, Persib pasti unggul," cek Dedi deui.

Baca Juga: Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam

Harepan nu sarua, ditembrakkeun ku Yuni Ani, hiji mahasiswa di Jatinangor nu ngaku anggota Viking Bandung.

Cek Yuni, basa ningali posisi Persib dipuncak klasemen direbut Persija Jakarta, manehna ngaku hanjelu pisan.

Eta teh basa ningali hasil Persija vs Persikabo 1973, 1-0 jeung PSM Makassar vs RANS Nusantara 3-1, nu ngalantarankeun Persib kudu turun deui ka urutan 3. Sabab posisi kahiji jeung kadua dieusian ku Persija jeung PSM Makasar. 

Baca Juga: Rekomendasi 2 Tempat Wisata di Bogor, Ngopi di Sawah, Kukudaan di Gunung Mas, Healing keur Kulawarga

"Nya dina laga engke, Persib kedah kenging ti PISS supados aya deui di puncak," cek Yuni.

Ngajawab taksiranna, cek Yuni, nurutkeun feeling mah enya Persib bakal meunang.

"2-1 kanggo Persib lah," cek Yuni.

Baca Juga: Ningali jeung Dipoto Latar Kembang Sakura Teu Kudu ka Jepang, di Bogor Gé Aya, Rékomendasi Wisata Peré Imlék

Boh Dedi boh Yuni ngaku rek manco lalajo Persib vs PSIS engke, tapi moal lalajo dina TV. Maranehna rek lalajo via streaming ti Video.

Akur akur.

Ka pamaca Galura nu bade nongton vie streaming, sumangga ieu link live streaming ti Video nu tiasa diakses.

Baca Juga: Baheula alam Tatar Sunda Mere kahirupan jeung Huripna, Ayeuna...

>>>Persib vs PSIS<<<.

Kade hilap, kick offna tabuh 16.30 WIB. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x