Pangurus Koni Jabar Pebruari Diistrenan, tapi Waktuna Can Pasti

- 30 Januari 2023, 16:27 WIB
M. Budiana,  Ketua Umum KONI Jabar periode 2022-2026./pikiran-rakyat.com
M. Budiana, Ketua Umum KONI Jabar periode 2022-2026./pikiran-rakyat.com /

GALURA - Mun taya halangan-harungan, pangurus anyar KONI Jabar baris diistrenan ku Gubernur Jawa Barat atawa nu ngawakilanana dina bulan Pebruari 2023. Ngan ngeunaan waktuna masih can tangtu.

Kitu cek Ketua Bidang Humas jeung Protokol KONI Jabar, Kiki Nurjaman, S.Sos., M.I. Kom netelakeun ka Galura.

“Muhun, teu acan tangtos teh kapingna wungkul,” pokna dina WhatsApp.

Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!

Dina kateranganna, Kiki nu sapopoena humas di lingkungan Fisip Unpas, negeskeun, sakumna pangurus Koni Jabar nu baris dilantik teh jumlahna ngahontal 114 urang.

“Sadayana, baris mancen gawe di saniskara Bidang nu aya patalina jeung urusan olahraga,” pokna.

Samemehna, Ketua KONI Jabar pinilih, Dr. M. Budiana, S.IP., M.Si., netelakeun ka Galura, dirina baris sarindek saigel jeung pangurus sejenna, enggoning mertahankeun jeung leuwih ngaronjatkeun deui prestasi olahraga di Jawa Barat.

Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi

“Simkuring siap ngawelah KONI Jabar, ngahijikeun potensi atlit, ngabina sareng ngalahirkeun para atlit Jabar di sawatara cabang olahraga nu ninun prestasi di tingkat nasional sareng internasional,” pokna.

Budiana, memang lain jalma anyar dina dunya olahraga. Ieu mantan Ketua KPU Kabupaten Bandung nu gumelar di Purwakarta 2 April 1970, dina dunya jeung organisasi olahraga geus lila dipercaya nyekel kalungguhan nu rageman.

Lian ti sapopoena nyangking Ketua Harian Koni Jabar nu ditaratas ti taun 2019 tepika kiwari. Ieu Dekan Fisip Unpas nu resep olahraga sapedah teh, di Kabupaten Bandung kungsi cepeng kalungguhan Ketua Forki salila dua periode, Ketua I Koni Kabupaten Bandung jeung Ketua Pengda Bandung Karate Club (BKC) tingkat Jawa Barat.

Baca Juga: Jaroh Majlis Baitun Nidzom ka Makam Mbah Priuk jeung Luar Batang, Ngadu'akeun nu Maot, Pepeling ka nu Hirup

“Leuwihna Kang Budiana teh, pamingpin nu luwes jeung bijaksana, normatif, demokratis, tapi tegas dina mutuskeun masalah, tapi taya saurang ge nu ngarasa kuciwa ku putusan dirina, “ cek salah saurang Pelatih Karate BKC, Diki Ruchimat Restu, S.Pd., nu sapopoena cepeng kalungguhan Kepala SMK Pasundan 1 Banjaran.

Nu pasti, cek Rektor Unpas, Prof. Dr. Ir. H. Eddy Jusuf Sp, M.Si., M. Kom., IPU., kapilihna Budiana jadi Ketua Koni Jabar, mawa seungit ka Paguyuban Pasundan, hususna lingkungan Unpas.

“Akang yakin jeung percaya, Budiana mibanda komitmen dina nanjeurkeun prestasi olahraga di wewengkon Jabar nu nyongcolang euyeub ku prestasi juara,” pokna.

Baca Juga: Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam

Samiuk jeung caritaan Eddy Jusuf, Ketua STKIP Pasundan Kota Cimahi, Dr.H. Dedi Supriadi, M.Pd., AIFO., nembrakeun kamandangna. Budiana, pokna, pamingpin ngora nu potensial.

“Yakin, kaselir jadi Ketua Koni, Pa Budiana baris mampu ngaronjatkeun ajen inajen prestasi olahraga di Jawa Barat, mampuh cumarita prestasina di tingkat nasional jeung Internasional,” pokna.

Nyangking kalungguhan Ketua Koni Jawa Barat, ngajurung Budiana, leumpang ngabret ngabebenah Koni Jabar, ngokolakeun managemen olahraga nu transparan, profesional, terintregrasi jeung akuntabel.

Baca Juga: Lukisan 'Imaji Barong' Karya R Cahyadi Jang Paméran Sa-Asia Tenggara

Prioritas udagan, komitmen Budiana, ngatik karancagean para atlit dicabang olahraga sewang-sewangan.

“Utamina mah, ngasakkeun prestasi Jabar mertahankeun gelar Juara Umum dina PON XXI/2024
di Provinsi Aceh sareng di Provinsi Sumatra Utara, katut agenda penting sejenna widang olahraga,” pokna.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x