Hikmah Ibadah Munggah Haji Ceuk KH MD Ubaidillah AB: Napakuran Kalemahan Diri, Maheutkeun Sumanget Barjamaah

- 28 Januari 2023, 16:45 WIB
KH Ubaidillah AB/ Dok pribadi
KH Ubaidillah AB/ Dok pribadi /

 

GALURA - Ibadah munggah haji teh minangka rukun Islam nu kalima.

Sakumna umat Muslim ti sakuliah dunya ngalaksanakeun munggah haji di Tanah Suci dina bulan Dzulhijjah.

Ibadah munggah haji nu diiwajibkeun dina taun kagenep kanabian teh tetela ibadah nu mikabutuh energi ekstra.

Baca Juga: Tina Silaturahmi Bacaleg PAN, Thoriqoh: Nargetkeun 1 Kursi rer Dapil

Tatahar sagala rupana geus kudu dilakonan ti samemeh miang, lagu miang sarta anjog di Tanah Suci, katut ngalaksanakeun syarat jeung rukun ibadah munggah haji.

Ibadah munggah haji mungguh euyeub ku rupa-rupa hikmah, antarana wae minangka sarana napakuran kaayaan diri jeung sumanget ngawangun sikep barjamaah.

Ceuk KH MD Ubaidillah AB, sesepuh Pondok Pasantren Roudlotul Ulum Cisasawi, Kabupaten Bandung Barat, munggah haji minangka media pikeun introspeksi diri atawa muhasabah.

Baca Juga: Situs Nyi Subang Larang di Nangerang Binong, Subang, Tempat Katimuna Rorongkong Manusa Purba

Dina ajaran Islam, eta introspeksi diri teh miboga tempat nu kalintang utamana.

Nalika fase puncak haji, nyaeta wukuf di Padang Arafah, jadi rohang introspeksi diri tumali jeung eksistensi manusia minangka mahluk nu lemah.

Introspeksi atawa mawas diri bisa mibanda harti ngalenyepan atawa koreksi kana laku lampah, sikep, kalemahan, kasalahan, jeung sajabana sipating manusa.

Baca Juga: Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

"Manusa teu daya upaya, taya rasa ngaboga-boga duniawi, sabab eta sakabehna teh mungguh bogana Allah SWT,” pokna, waktu dikolongan di Ponpes Roudlotul Ulum, sawatara waktu kaliwat.

Ceuk KH Ubaidillah, dina Kitab Ihya Ulumudin, Imam Al Ghazali mertelakeun, “Lakonan muhasabah diri samemeh engke jaga urang dihisab. Timbang heula laku lampah urang samemeh engke ditimbang.”

Demi muhasabah jeung tobat, duanana teu bisa dipisahkeun, sabab tobat teh minangka koreksi kana sagala laku lampah atawa sikep diri nu geus kungsi dilakonan, dibarung ku rasa narima salah.

Baca Juga: Yudi Guntara Umajak ka Bobotoh, Mere Rojongan Positif Malar Persiib Jadi Juara BRI Liga 1

Tah, ti awal niat rek munggah haji, ulah ieuh ngocapkeun kagorengan, milampah nu teu hade (rafats), ulah jadi jalma nu pasek, jeung ulah silitembal parea-rea omong.

"Mun eta sakabehna dilakonan kalawan ihlas, tur ukur miharep rido Allah, urang baris meunang pangampura sarta dipaparin nikmat sorga sakumaha jangji Allah SWT ka jalma-jalma nu ngahontal haji mabrur,” ceuk KH Ubaidillah.

Satuluyna manehna ngeceskeun, minangka puncak ibadah haji, wukuf di Arafah ge tetela leubeut ku makna jeung hikmah, salasahijina ajen-inajen moral nu luhung.

Baca Juga: Denpom III/5 Bandung Gelar Opsgaktib di Kodim 0618/Kota Bandung, Nanjeurkeun Kataatan Hukum Prajurit jeung PNS

Hikmah wukuf nu hartina reureuh heula saheulaanan, taya lian minangka parentah pikeun ngalenyepan atawa introspeksi kana sagala perkara nu geus dilakonan jalma.

"Nalika wukuf di Arafah, waktu ngalenyepan diri tea, geus tepi kamana lalakon kahirupan urang salila di dunya. Cindekna, evaluasi kana kalemahan jeung kasalahan manusa,” pok KH Ubaidillah.

Ari ceuk katerangan Ibnu Abbas RA, pangna dingaranan Arafah teh sabab di eta tempat manusa ngaku kana sagala dosa jeung kasalahanana.

Baca Juga: Teu Tingtrim ku Geng Motor, Warga TKI III Meredih Aparat Patroli Maneuh

Nabi Adam AS jeung Siti Hawa, sabadana dikaluarkeun ti sorga jeung lungsur ka bumi, tuluy aranjeunna insyaf di Arafah, sadar kana kasalahan jeung dosa, laju tobat ka Allah SWT.

Pok aranjeunna, "Nun Gusti Pangeran, kuring geus nganiaya diri, mun Anjeun teu ngahampura kuring jeung teu maparin rahmat, tetela kuring teh kaasup golongan jalma nu rugi." (QS Al-A'raf: 23).

Lian ti media introspeksi diri, ibadah munggah haji ge mibanda hikmah geusan miara sumanget barjamaah.

Baca Juga: Kasus Subang Can Kaungkab Keneh, Irjen Pol Suntana : Doakeun, Kasusna Teras Dipaluruh

Pon kitu deui, pakean haji nu katelah ihrom teh minangka simbul hakekat persatuan jeung satatana umat dina beungkeutan ukhuwah Islam.

Sumanget ngarawat rasa persatuan, satata, jeung guyub barjamaah, sakuduna terus dipiara ku sakumna umat Muslim di dunya.

"Dina munggah haji aya momentum pikeun terus nguatkeun duduluran jeung barjamaah umat," ceuk KH Ubaidillah.

Baca Juga: Rakor Ngarengsekeun Pasualan HGU PT PG Rajawali II, Ngarah Patani Raharja

Sumanget barjamaah nu tembong dina ritual ibadah haji teh sajatina bisa dilarapkeun dina kahirupan sapopoe umat Islam.

Sabab eta teh enas-enasna mah ajen-inajen tina palaksanaan ibadah munggah haji.

"Tina ngalenyepan jeung introspeksi diri salila wukuf, laju ihtiar miara sumanget barjamaah, eta teh hikmah munggah haji kalawan udagan ayana parobahan ka nu leuwih hade bari dibarung ku teu weleh miharep rido-Na," ceuk KH Ubaidillah AB, mungkas obrolan. *** 

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x