Tina Silaturahmi Bacaleg PAN, Thoriqoh: Nargetkeun 1 Kursi rer Dapil

- 28 Januari 2023, 16:22 WIB
Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung Hj. Thoriqoh Nasrullah Fitriyah. (SOPANDI/ Galura Pikiran Rakyat.com).
Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung Hj. Thoriqoh Nasrullah Fitriyah. (SOPANDI/ Galura Pikiran Rakyat.com). /

GALURA- Ketua DPD PAN Kabupaten Bandung, Hj. Thoriqoh Nashrullah Fitriyah nargetkeun cumpon hiji korsi per daerah pemilihan (dapil) partaina dina pemilihan anggota legislatif di Kabupaten Bandung dina Pemilu 2024 engké.

Najan di Kabupaten Bandung aya 7 dapil, jeung danget ayeuna Fraksi PAN di legislatif Kabupaten Bandung ngan boga 4 korsi, tapi numutkeun Thoriqoh target sakurang-kurangna nambahan 3 korsi deui kaitung asup akal.

"Hiji dapil hiji korsi numutkeun sim kuring realistis. Sanaos aya dapil nu memang kaétang abot. Tapi, ku ihtiar sareng iatna insyaalloh realistis, " ceuk Thoriqoh.

Baca Juga: Situs Nyi Subang Larang di Nangerang Binong, Subang, Tempat Katimuna Rorongkong Manusa Purba

Baca Juga: Ngojay di Sirah Cai Cimincul Subang, Caina Canembrang Herang, Matak Poho Hanjat jeung Mulang, Wisata Murah

Baca Juga: Yudi Guntara Umajak ka Bobotoh, Mere Rojongan Positif Malar Persiib Jadi Juara BRI Liga 1

Inyana nepikeun eta hal teh dina acara silturahmi bakal calon anggota legislatif (bacaleg) DPRD Kabupaten Bandung partai PAN di Hotel Sutan Raja, Soreang, Saptu 28 Januari 2023.

Thoriqoh ngaku, bacaleg ti partaina ogé geus ngeusi pikeun kabéh dapil, najan masih kénéh aya kakurangan.

Tapi inyana teu hariwang sabab PAN masih kénéh karék ngahirupkeun mesin politik dina nyanghareupan Pemilu 2024 engké.

Baca Juga: Denpom III/5 Bandung Gelar Opsgaktib di Kodim 0618/Kota Bandung, Nanjeurkeun Kataatan Hukum Prajurit jeung PNS

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x