Persib Update, Pamaen nu Keur Garering di Maung Bandung. Teja Paku Alam di Antarana

8 Februari 2023, 14:30 WIB
Teja Paku Alam keur teu sehat sabada Persib lawan PSS Sleman /persib.co.id/ Amandeep Rohimah/

GALURA - Warta Persib update, sawatara pamaen Maung Bandung ayeuna keur pareng kaserang kasakit, sajaba ti alatan operasi.

Salahsahiji pamaen, Ezra Walian oge sababaraha poe gering nepi ka kudu istirahat.

Ngan husus Ezra Walian ayeuna matak reugreug, sabab geus sehat cara bihari, samalah geus latihan deui.

Baca Juga: Bobotoh Persib taun 1960an, Persib Maen Kandang, di Limbangan Endog Hayam dina Sayang Ledis

Baca Juga: Prediksi Persib vs PSS Sleman, Luis Milla Gede Hate, Seto Nurdiantoro Muji Maung Bandung

Baca Juga: Tiket Persib vs PSS Sleman Ludes, Ieu Link Live Streaming jeung Kick Off, Aman!

Nurutkeun laman Persib, aya sababaraha pamaen nu ayeuna pareng katarajang kasakit teh.

Antarana wae Arsan Makarin jeung Teja Paku Alam.

Lantaran gering, basa Persib latihan di Stadion Siliwangi Salasa mangkukna, Arsan Makarin jeung Teja Paku Alam teu latihan di bareng pamaen sejenna.

Baca Juga: Palasapah Silat jeung Gaya Maen Persib, Salamet jeung Nyalametkeun

Maranehna latihan misah di sisieun lapang bareng jeung fisioterapi Benidektus Adi Prianto.

Nurutkeun dokter tim Persibh Rafi Ghani, husus Teja Paku Alam, alatan aya nu karasa dina bagean pingpingna.

"Teja aya masalah dina pingping bagea jero. Karaosna sabada laga Persib lawan PSS Sleman," cek Rafi Ghani.

Baca Juga: Persib Bandung Boga Lima Kiper, Nu Panganyarna Dikontrak Mario Fabio Londok ti Persipura Jayapura

Lian ti maranehna aya oge Zalnando jeung David Rumakiek.

Eta dua pamaen mah malah teu katembong di lapang sabab kudu istirahat total sabada dioperasi.***

 

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler