Romlah Wikardi, Angkrek Lain ukur Papaes Buruan

- 8 Juni 2024, 20:00 WIB
Romlah sapiri umpi.
Romlah sapiri umpi. /

 

GALURA.CO.ID -Angkrék téh ngaran tutuwuhan nu kembangna kacida éndahna, umumna sok dipaké papaés buruan, hargana kawilang stabil dibandingkeun jeung tutuwuhan séjénna. Patali jeung ieu kembang nu  keur booming téh ngahaja ngajak ngobrol jeung Romlah Wikardi, Ketua Pencinta Anggrek Indonesia (PAI)  Dewan Pengurus Daerah (DPD) Provinsi Jawa Barat.

“Tong lepat, mangpaat angkrék téh sanés kanggo papaés buruan wungkul,”  cenah matak ngondang kapanasaran.

Naon baé atuh mangpaat angkrék téh?

“Sateuacan medar mangpaatna, urang jujut heula ka puhuna, naon ari angkrék?” Ieu antropolog lulusan Uniersitas Padjadjaran nu hobbyna traveling jeung berkebun téh nyaritana bari seuri.

Ieu pangsiunan Pejabat Struktural Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jabar téh ngaguar panjang lébar ngeunaan angkrék. Unikna kembang angkrék téh aya dina biwirna atawa labellum, tur kembanganana leuwih lila batan kembang séjénna, cenah.

Ajén luhung angkrék téh lebah kaéndahan kembangna. Éta sababna réa nu kataji hayang mekarkeun atawa ngabudidayakeun angkrék nepi ka ngadegkeun beungkeutan atawa organisasi husus keur nu resep tur micinta tutuwuhan nu ngaran angkrék.

Kembang angkrék nu ngaran laténna Orchidaceae téh mibanda rupa-rupa wujud, warna jeung ukuran kembang. Ieu pisan nu jadi pangirutna. Tina rébuan angkrék nu tumuwuh di Indonesia, nu asli mah hargana aya nu ngahontal puluhan juta, malah aya nu disaruakeun jeung harga emas.

Tapi angkrék nu geus dibudidayakeun mah sakumaha nu ilahar dijual di pasar kembang atawa ku nu sok diiderkeun di jual ka kampung-kampung, aya nu harga puluhan rébu. Angkrék nu kasohor téh diantarana dendrobium, vanda, phalaenopsis, cattleya, oncidum, gramathophyllum, paphiopedium, cymbidium.

Satuluyna, cék ieu bojo Tantan Rustandi téh, Dendrobium jeung Phalaenopsis leuwih dipiwanoh ku balaréa, kalayan réa dipelak tur dimekarkeun, sabab ngahasilkeun kembang nu leuwih éndah. Boh wangunna boh  warnana nu kawilang unik,  katambah ngabogaan mahkota nu matak kataji.

“Sanés nembé ayeuna-ayeuna seueur nu resep kana angkréh téh, nanging ti jaman Walanda ogé angkrék mah kalebet kembang nu berkelas,”  ieu indung dua budak nu dibabarkeun di Kawali, 20 November 1963 téh ngajéntrékeun.

Romlah ngécéskeun, taun 1990-an, Pamarentah Indonesia nangtukeun anggkrék bulan atawa  Phalaenopsis Amabilis minangka kembang unggulan, kalayan disebut PUSPA PESONA, malati bodas atawa Jasminum Sambac disebut PUSPA BANGSA,  Padma Raksasa atawa Rafflesia Arnodi disebut PUSPA LANGKA. Angkrék bulan dipilih minangka PUSPA PESONA téh lantaran lain baé ku éndahna, tapi ogé tumuwuh subur di saban wewengkon di Indonesia.

Romlah nu kiwari jadi Pengawas Masyarakat Anggrek (MAJA) Jawa Barat nétélakeun, ti béh ditu mula Indonesia geus jadi pamungpungan patani angkrék profesional, aya bangsa Tionghoa, Walanda jeung bangsa-bangsa Eropa lianna.

Awal taun 1956 réa angkrék titinggal Walanda, boh angkrék hasil kawinan (hybridisasi) boh angkrék nu didatangkeun ti mancanagara. Sabada Walanda ninggalkeun Indonesia, angkrék dijual di pasar-pasar. Di Bandung kacatet aya sababaraha urang nu meuli angkrék, di antarana pensiunan Bupati Sumedang, Rd. Rd. Edje Kartahadimadja, Hakim tentara Doeli Wangsa Soelaksana, Direktur Harian Pikiran Rakyat Djamal Ali, Staff Sekolah Olahraga di Jalan Van Deventer Wim an Nijehoff, jeung réa-réa deui.

Ceuk ieu Indung    Iqbal Ghifari Zaka Wali jeung Tara Wendita nu dumuk di Komplek Syafira Ayudarechta Griya Winaya Blok  G1 No. 7, RT 04/RW 12  Ujungberung Bandung, Perhimpunan Anggrek Indonesia (PAI) atawa Indonesian Orchid Society dideklarasikeun di Gedong Sekolah Olah Raga, Jalan Van Deventer Kota Bandung,  4 November 1956.

Dewan pendiri Perhimpunan Anggrek Indonesia diantarana Doeli Wangsasoelaksana, Wim Van Nijehoff, Rd. Edje Kartahadimadja, Djamal Ali, Thio Tjoan Kang, DjoemhanaWiriatmadja, jeung Yap Sian Too (Ayub S. Pranata).

Satuluyna Romlah nyebutkeun, yén angkrék tumuwuh di Jawa Barat ampir 90% tina angkrék nu aya di Indonesia. Sawadina di Jawa Barat ngayakeun beungkeutan keur masarakat nu micinta angkrék, ahirna 8 Januari 2022 PAI DPD Jawa Barat ngadeg.

Nilik kana gedéna potensi nu micinta angkrék di Jawa Barat kalayan prospek angkrék nu kawilang hadé pikeun bisnis tanaman hias, PAI DPD Jawa Barat nu umurna karék dua taun téh ngayakeun rupa-rupa kagaiatan, sangkan nu patani angkrék leuwih nerekab di saban wewengkon, kalayan bisnis angkrék bisa nyaingan wilayah séjén, boh di Indonesia boh di Mancanagara.

Kagiatan nu dilaksanakaeun diantarana ngadokumentasi angkrék hybrid, ngayakeun rukun gawé konservasi angkrék di kawasan hutan jeung hutan kota di sababaraha wewengkon di Jawa Barat, Diklat Kultur Jaringan Anggrek dina ragaga nyayagikeun bibit angkrék keur para nonoman nu minat ngabudidayakeun akrék, ngusulkeun ka pamaréntah kabupatén/kota jeung propinsi sangkan ngayakeun Pakét Wisata Angkrék, nyusun program rukun gawé jeung pihak séjén, boh jeung individu boh organisasi.

Kamekaran angkrék di Jawa Barat  ngaronjat, utamana para patani jeung nu nabudidayakeun angkrék geus réa ngahasilkeun angkrék campuran atawa hybrid. Angkrék hybrid  aya nu dipaké toponimi, boh nu patali jeung sajarah boh tokoh Jawa Barat, saperti dendrobium Jabar Juara, dendrobium Popong Otje Djungdjunan, dendrobium Dayang Sumbi, dendrobium Jamparing Pajajaran, Dendrobium Wonderfull Pangandaran, jeung sajabana.

Cék Romlah deui, geus ti béh ditu mula angkrék jadi bagian tina kabudayaan Indonesia, contona angkrék aya dina relief Candi Borobudur, kalayan digambarkeun tumuwuh di leuweung. Kawasna baé, nalika Borobudur diwangun masarakat jaman harita geus wanoh kana tuwuhan angkrék, ngan can dibudidayakeun kawas ayeuna.

Lian ti éta, di lingkungan masarakat Mamasa, Sulawesi Barat, angkrék raket patalina jeung tradisi tatanén.  Saméméh melak paré, masarakat Mamasa sok melak angkrék dina galengan sawah, minangka salah sahiji tradisi masarakat di ditu. Angkrék Bulan di lingkungan masarakat Mamasa, osok ogé dipaké keur pakakas kageulisan rumaja putri.

Kadieunakeun, di Indonesia angkrék lain ukur dipaké mapaésan buruan, tapi remen dipaké hiasan di jero rohangan, boh dina acara hajatan boh keur mapaésan rohangan imah, malahan sok ngahgaja dijieun karangan bunga. 

“Kanggo nambihan kaweruh masarakat, rupina peryogi sejarawan nu ngayakeun panalungtikan husus perkawis sejarah sareng kamekaran angkrék di Nusantara, kalayan hasilna tiasa kauningan ku balaréa,” cék ieu Ketua PAI Jabar nu kungsi mancén tugas di Bakorwil Purwakarta nutup obrolan.**  Tetti Hodijah

                                     

                                                                  

 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah