“BARDE kotok? Baradé kotok? Sok tah kotokna lalintuh!” (kotok teh hayam).
Itu, ceuk hiji budak nu merankeun jadi nu dagang kotok, nanawarkeun jualanana ka budak nu nangtung hareupeunana. Ari nu disebut kotokna téh, nyéta barudak, dalapan urang nu caringogo. tukangeun nu dagang kotok. bari diharudum sarung, nepi ka nutupan beungeutna.
Kitu adegan bubuka kaulinan barudak jaman baheula nu katelah “hahayaman.” Ditawaran kotok, budak hareupeun nu dagang téh ngajawab:
“Pasanganana kembang laja! Ciricit…!” cenah.
Pikeun barudak kiwari nu dumuk di kota, meureun anéh ngadéngé kecap “kotok, Nya?” “Kotok” téh, sinonimna,“hayam.” Tapi unikna, ieu judul kaulinan, jadi “hahayaman,” lain “kokotokan,”
Atuh dina derna arulin, kecap bubuka nu diarucapkeun téh, lain, “Baradé hayam! Baradé Hayam! Sok tah hayamna lalintuh!
Tapi, kalah “kotok” kawas di awal tulisan di luhur. Da kitu mungguhing rungkal-ringkelna basa mah, kumaha genah kadéngéna, mana komo, apan basa Sunda mah, kaasup basa rasa.
Balik deui kana aturan maén hahayaman. Nalika ngadéngé jawaban nu rék meuli, salah saurang budak nu diharudum sarung, nu dagang kotok, ngajawab, “Ciricit…!” cenah.
Ari nu meuli, kudu nebak ngaran budak nu tadi nyoara ciricit! Mun bisa nebak ngaran nu diharudum sarung, éta “kotok” kudu muka sarungna, terus nangtung tukangeun nu meuli.