Ngaran Lembur nu Tilem di Kabupaten Bandung, Budayana Leungit

- 6 Juni 2024, 14:57 WIB
Wewengkon Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, ngaran lembur rea nu leungit, kalindih ku ngaran paimahan.
Wewengkon Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, ngaran lembur rea nu leungit, kalindih ku ngaran paimahan. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Kana taun 1983, harita can apal istilah pembebasan lahan jang perumahan. Ngan dèngè-dèngè wé sawah nu ublug-ablag tukangeun imah, cenah rèk dijieun perumahan. Harita mah disebut  perumahan BTN. Nyoko kana ngaran Bank Tabungan Negara.  Geus kaciri aya sababaraha patok. Kaasup sawah nu sok digarap ku kolot sorangan. 

Najan geus dipatok, tapi diwenangkeun kènèh ditanduran lamun usumna lantaran can rek dipake, tacan diagekuen paimahan. Lamun usum halodo sababaraha lahan anu tuus, nu garing, jadi palataran tempat barudak maen bal.  Di nu sawarèhna teu saeutik nu ngarangon domba, nu ngadon ngarit ogè aya.

Sababaraha hiji lio tempat nyieun bata nu tiungna tina  hateup daun kawung masih kènèh rajeg sok pakè ngiuhan lamun panon poè keur morèrèt. Ieu tèh salasahiji juru di lembur tatangga, nu katelah  Desa Rahayu, nu ayuena mah geus dimekarkeun jadi Desa Mekarrahayu Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung.

Lembur mah di Desa Margahayu Selatan, lebahna wates antara Kecamatan Margahayu jeung Margaasih. Imah mah aya dina wates pisan antara Desa Margahayu Selatan  Kecamatan Margahayu  jeung Desa Mekarrahayu Kecamatan Margaasih tèh ukur kawates ku walungan  nu ukur 3 meter legana tukangeun imah belah kulon.

Ka kulonkeunana mah ublug-ablag sawah, kaselang ku lembur nu disebut Lembur Burujul. Aya kana 1,7 kilometer anggangna. Tuluy  sawah deui  samèmèh Lembur Curug nu asup kenèh ka Kecamatan Margaasih. Kaayaan nu teu bisa dipopohokeun waktu harita, mangsa wewengkon bieu tacan heurin ku tangtung.

Gègèrèwèkanana barudak nu keur arulin, atawa sora soang sok hawar-hawar kadèngè lamun angin pareng nebak ka wètankeun. Komo lamun hiji waktu hanjat kana tangkal peuteuy atawa  tangkal kayu ambon nu rajeg sisi walungan tukangeun imah, sok atra katingali  kagiatan urang lembur Burujul tèh.

Mimiti aya kagiatan  nyaeur sawah nu rada lèngkob. Belah kidul lembur diwangun pasar, nu ayeuna disebut Pasar Margahayu. Padahal asupna ka Kecamatan Margaasih, tapi  jalan utamana  ti Margahayu, pangna disebut Pasar Margahayu teh. Ari Pamarèntah mah mèrè ngaranna ayeuna Pasar Tradisional Sabilulungan.

Aya nu aheng, basa aya lahan astana nu keuna pembèbasan pikeun  jalan utama jeung sababaraha blok imah perumahan nu ayeuna disebut Margahayu Permai. Eta astana  pernahna di Lembur Sèkè Randu. Harita èta tempat geueuman jeung rajegna tatangkalan, caringin, waru jeung caangkring nu di antara ngarorom ka walungan handapeun  astana èta.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah