Bebeja wae ka kokolot lembur, ka olot lembur. Mulangkeunana mun geus panen sarta hasilna nyugemakeun.
Tina kituna di Kasepuhan Sinarresmi mah keur ketahanan pangan teh dijieun tilu lapisan. Lapisan kahiji ti masing-masing warga nu kudu mibanda leuit najan teu boga lahan keur tatanen oge, boh sawah boh huma.
Unggal umpi satekah polah boga simpenan pare nu mahi keur bekel ti panen ka panen. Nu teu boga lahan tatanen, sok ngagarap lahan nu batur di tempat sejen.
Upama pare dina leuit pribadi teu nyumponan pangabutuh ti panen ka panen, warga bisa nginjeum ka leuit kasatuan nu aya di unggal kampung.
Baca Juga: Ceuk Carita Parahyangan, Agama Sunda geus Diagem Samemeh Urang India Daratang
Lamun tea mah pare dina leuit kasatuan geus kosong alatan rea nu nginjeumna, warga bisa nginjeum ka leuit Si Jimat. “Anu nambut ka leuit Si Jimat arang pisan,” ceuk Abah Asep, pupuhu Kasepuhan Sinarresmi.
Najan panenna sataun dua kali, pare di Kasepuhan Sinarresmi mah loba sesana ti panen ka panen teh.
Dahar di Kasepuhan Sinarresmi mah henteu kudu aspiring metung. Sangu leuwih rea kandungan gizina lantaran digemukna make gemuk organik.
Jadi ketahanan pangan teh dipitembeyan dina tata cara melak parena.***