Kartosuwiryo Dicangkalak Rayat Bungah, Sabot Milu Pager Bitis Pamajikan Pabeulit Bitis jeung Tatanggana

- 11 Maret 2023, 12:00 WIB
Kolonel Ibrahim Adjie, Panglima Kodam Siliwangi jeung  Kartosoewirjo  sabada Kartosuwiryo dicangkalak (Album Kenangan Perjuangan Siliwangi).
Kolonel Ibrahim Adjie, Panglima Kodam Siliwangi jeung Kartosoewirjo sabada Kartosuwiryo dicangkalak (Album Kenangan Perjuangan Siliwangi). /Dok/

 

GALURA -Baruntakna Kartosuwiryo nu salila 13 taun ngabangreungkeun Tatar Sunda dina tanggal 4 Juni 1962 lekasan. Ti Maret 1962, TNI jeung rayat babarengan ningker panyumputan karaman nagara ku operasi nu dingaranan Pager Bitis.

Ku taktik Pager Bitis nu dijalankeun ku TNI jeung rayat, karaman nu dipingpin ku Kartosuwiryo jadi heureut ruang gerakna sarta teu bisa barangsiar neangan logistik.

Kartosuwiryo dicangkalak di Gunung Rakutak Majalaya Kabupaten Bandung, 4 Juni 1962, ku pasukan batalyon 328 Kujang II/Siliwangi, pingpinan Lětda Suhanda. Pager Bitis TNI jeung rayat aya hasilna.

Baca Juga: Soekarno jeung Kartosuwiryo, nu Jadi Korban Kang Karna jeung Mang Karto

Kabungah rayat lain dikieuna, lantaran ti danget ěta, Tatar Sunda geus aman moal diganggu ku karaman nagara pingpinan Kartosuwiryo, najan masih keneh aya sesa-sesa karaman nu masih ngariweuhkeun.

Di satukangeun gumbirana urang Sunda, tapi aya oge nu sedih. Di antarana Mang A, urang L. Sabot tugas “Pager Bitis” di gunung, pamajikanana digerebeg ku urang lembur. Kapanggih keur “pabeulit bitis” jeung Kang Kang M., tatanggana.

Ku barudak lenger mah dikawihkeun :
“Cis kacang buncis,
Salaki pager bitis,
Pamajikan pabeulit bitis.......”

Baca Juga: Putri Anjungsari (52). Prajurit Cirebon Luluhurna ti Galuh, Reuwaseun basa Aki Jaya Nyebut Walangsungsang

Barang kabějakeun pingpinan gorombolan serah bongkokan, rahayat surak. Tinggorowok patěmbalan.

“Geus aman, lembur geus aman !”

Sasalaman. Siligabrug. Sukaseuri. Silitanya ěta-ěta kěněh.

“Enya Pa Karto katangkep?” ceuk saurang.

“Enya. Tadi aya beritana dina RRI,”walon nu sějěn.

“Sukur Alhamdulillah. Di mana katangkepna ?”

“Di Gunung Rakutak, Majalaya.”

“Ku saha?”

“Ku pasukan Kujang II Siliwangi, pimpinan Lětda Suhanda.”

Baca Juga: Urang Kanekes Lebak Banten Nyicingan Pagunungan Kendeng

Geus puguh kitu, ger urang lembur salusurakan. Tingalijrah. Tingjorowok. Aya nu bari ngalungkeun dudukuy. Aya nu ngambrul-ngambrul jukut garing ka luhur.

Lapang maěn bal nu pabeubeurang biasana kosong, ukur aya hiji dua nu ngangon domba wungkul, ngadadak pinuh.

Jelema datang ti mana ti mendi, minuhan lapang maen bal. Ukur hayang gogorowokan, ngedalkeun kabungan hatě.

“Geus aman ! Lembur geus aman !”

Sapoě ěta mah, kawasna taya nu baranggawě. Taya nu ka kebon, taya nu ka sawah.

Pakantoran gě milu tutup. Pagawěna milu kumpul di lapang bal jeung di alun-alun, nepi ka sorě.

Malah nepi ka reup magrib sarukan-sukanna teh. Padahal sasari mah, reup magrib, lembur langsung rěhě, jarempě. Pangeusina, nyarempod di imah masing-masing.

Baca Juga: Pangdam III Siliwangi: FKPPI Kudu Mibanda Konsep nu Dilarapkeun Kalawan Nyata

Nyarempodna teh bari sayaga nyandingkeun buntelan eusi pakěan saaya-aya. Bisi datang serangan, kari mawa lumpat. Asup kana běwak panyumputan.

Saprak Mas Karto dicangkalak mah henteu kitu. Panto-panto imah diantep sina ngablak. Pangeusina dariuk di tepas jeung dina golodog. Atawa leuleumpangan di buruan.

Jalan raya Bandung-Tasikmalaya, lebah Limbangan, nu biasana geus combrěk ti asar kěněh, ayeuna mah ramě ku nu lalar liwat. Nu ti kulon ka wětan, nu ti wětan ka kulon.

Kitu we irid-iridan bari susurakan. Kawas sili bějaan, ngagorowokeun: “Geus aman ! Lembur geus aman !”

Teuing saha nu ngabogaan pokal. Aya nu mawa dogdog. Terus ditakolan. Dibarengan ku sora kalěng, ěmběr, jeung naon baě nu bisa disadakeun.

Bring indit dituturkeun ku barisan panjang. Mimiti ti beulah kulon, maju ka wětan. Ari balik deui ka kulon , barisan geus beuki manjangan.

Baca Juga: Desa Budaya Desa Nunuk Baru, Desa Anyar tapi Heubeul di Kabupaten Majalengka

Tatabeuhan beuki rěa. Malah aya nu ngigelan sagala. Puguh we beuki ramě kacida. Kang Ujum, bujang kolot urang Randukurung, meulitkeun samping.

Calana komprang digulung nepi ka luhureun tuur. Laju ngarěngkěněk. Diěak-ěak ku barudak bujang pantaranana. Pada ngeprukan ku baju atawa ku kopěah.

Atuh beuki asa kaunggah. Ngigelna beuki maceuh. Kajeun teu nyurup kana sora tarompět, kendang, dogdog jeung angklung. Pokona nembongkeun kabungah.

Mapag lembur geus aman. Aya barudak bebenjit jarail. Ngarabut tangkal těrěptep ti kebon di sisi jalan. Dipakě ngeprakan Kang Ujum. Kana pundukna. Kana leungeunna.

Puguh wé Kang Ujum beuki mijah. Ngigelna beuki sisirigan. Nu ngabring-ngabring milu ngěak-ngěak. Nepi ka Kang Ujum capě teuing. Ngabangkieung ka sisi jalan.

Baca Juga: Layang Salaka Domas ti Jagat Jabaning Langit

Ngudupruk. Gancang pada ngarěrěyang ka buruan imah pangdeukeutna. Digolěrkeun dina golodog. Diceuceuhan. Diinuman.

“Haram jadah, arateul awak aing !” Kang Ujum gegeběs. Bebenjit nu baroga dosa ngeprakan Kang Ujum ku těrěptěp, tingbalecir bari tingirihil.

“Aya aman ku amanna, awak aing gimpa kieu," Kang Ujum pakupis gěgětrět.

“Naon, Jum ?” baturna nanya.

“Ěta uing keur ngigel tadi aya nu ngeprakan ku těrěptěp. Tuh mani gimpa kieu,” Kang Ujum němbongkeun punduk jeung leungeunna.

“Keun wě pakaulan aman !” baturna ngupahan.

“Pakaulan pakaulan ucing belang, ” Kang Ujum muncereng. “Kěna-kěna aman, aing kudu gimpa ku těrěptěp nya!”

Abringan dogdog jeung kendang geus datang deui ka lebah dinya. Tapi Kang Ujum geus teu hayangeun ngigel. Capě. Jeung baluas ku měrang těrěptěp, meureun. Ongkoh ngarasa teu ngeunah jadi “tumbal” aman, sosoranganan.*** H.Usep Romli

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x