Bobotoh Persib taun 1960an, Persib Maen Kandang, di Limbangan Endog Hayam dina Sayang Ledis

- 6 Februari 2023, 13:00 WIB
Pamaen Persib taun 1960. Di Limbangan mun Persib rek maen kandang di lapang Sidolig, endog hayam dina sayang ledis dicokotan.
Pamaen Persib taun 1960. Di Limbangan mun Persib rek maen kandang di lapang Sidolig, endog hayam dina sayang ledis dicokotan. /

GALURA -Harita, taun 1960an, mun Persib rék maén ngalawan klub ti luar kota upamana ti Jakarta, Surabaya jeung Makassar, pisamimggueun deui sok geus diwartakeun dina suratkabar jeung RRI Bandung.

Mun keur maen kandang, Persib biasana maénna téh poé Saptu. Ti poé Senén samemehna, warta geus nyebar, kaasup di RRI Bandung.

Urang Limbangan Kabupaten Garut,  jeung sakur nu rek ngabobotohan  ti barang ngadenge bewara ti RRI Bandung, Persib rek maen kandang  geus éjégélér.

Baca Juga: Prediksi Persib vs PSS Sleman, Luis Milla Gede Hate, Seto Nurdiantoro Muji Maung Bandung

Hayang wahiyuh lalajo Persib makalangan di Stadion Sidolig, Kota Bandung. Kituna teh bari uleng mikiran pibekeleun.

Ari indit ti Limbangan mah teu pati susah. Bisa milu kana treuk nu ngakut minyak kalapa ti Ciamis. Sok eureun di harepeun toko “Héjo” Haji Uding, deukeut Jalan Cagak Limbangan.

Teu manggih jalan alus pikeun meunang pibekeleun, kapaksa ngambah jalan goréng. Ngaranjah sayang hayam ti saban imah, boh nu aya di luhur juru dapur, boh nu aya di paranjé.

Nya lumayan, tina sasayang opat endog ogé, dikumpulkeun ti salembur mah sok meunang  antara 20 siki tepi ka 30 siki.

Laju dijual ka bandar endog, dalapan pérak hijina. Boga duit rata-rata Rp200,- mahi keur tiluaeuneun lalajo  jeung keur dahar capek rahém.

Baca Juga: Tiket Persib vs PSS Sleman Ludes, Ieu Link Live Streaming jeung Kick Off, Aman!

Urang lembur nu kaleungitan endog, sok aya nu ambek-ambekkan. Teu wanieun togmol nuding mah. Semet sindir sampir:  “Haram jadah ! Mun aya Persib maén pasti endog tina sayang, ledis!”

Kana lalajo Persib geus ngabaju. Pédah harita aya urang Limbangan (Cibiuk) Garut, nu jadi pamaén Persib. Ngaranna Rukma Sujana (wafat 2018). Katelah Dén Rukma.

Sajaba  di Persib, Rukma ogé kapilih ku PSSI, jadi pamaén nasional. Malah kaptenna pisan, hartina dipikolot jeung pamaen sejenna.

Harita Timnas taun 1960an, dieusian ku pamaén Persib tara kurang ti 8 (dalapan) urang, kaasup panglobana dibandingkeun jeung ti kleub sejenna mah.

Di antarana Rukma, Wowo, Omo, Sunarto, Fatah Hidayat, Komar, Max Timisela, Parhim. Saméméhna, Timnas  tahun 1950an, dikuatan ku béntang Persib, Witarsa.

Baca Juga: Alun-Alun Sumedang Robah ti Taun 1922 sabada Ngadeg Tugu Lingga, ti Harita Lain Lapang Lega Deui

Rute perjalanan lalajo Persib ka Bandung (lapang Sidolig) nu matuh, indit ti Limbangan, Saptu kulang leuwih jam 10 beurang. Milu kana treuk minyak kalapa téa.

Eureun di Cicadas, da treuk ukur nepi ka dinya. Ti Cicadas leumpang ka Sidolig nu asa teu jauh. Nu rék lalajo geus ngagimbung. Padahal lokét pangjualan karcis acan dibuka.

Asup ka stadion, biasa baé balucat-balicet. Malum teu kabeuli karcis. Ladang tina ngajual endog meunang nyokot tina sayang hayam bogana urang lembur ukur mahi keur barang dahar.

Alhamdulillah, sok salamet baé molos teh. Bisa lalajo ti barang “kick off” nepi ka enggeusan, sarua jeung  nu mareuli karcis.

Harita mimindengna Persib meunang. Paling sial, gedeg. Langka éléh. Komo sanggeus jadi juara nasional PSSI tahun 1961 mah.  Lawan Persebaya, meunang tara kurang ti 3-0. Kitu deui lawan Persija.

Mun lawan PSM mindeng gedeg. Malum PSM masih kénéh dikuatan ku pamaén nasional kamashur, samodél Ramang jeung Jamiat Dahlar.

Baca Juga: David da Silva jeung David Rumakiek, nu Keur Bungah jeung Sedih di Persib Bandung

Najan geus karolot, entragan Witarsa, tapi pisikna kuat kénéh, semet satengah maén mah. Ti Persebaya nu sohor téh, Kiat Sék jeung San Liong. Sarua éta gé geus karolot.

Ramé surak éak-éakan. Tapi tara kabéjakeun aya riributan. Komo garelut mah, sanajan klub lawan sarua mawa bobotoh.

Bubar pertandingan, kira-kira satengah genep, ngahaeub ka magrib. Balik nikreuh deui ka Cicadas. Mondok di baraya.

Isuk-isuk nikreuh deui ka Kiaracondong. Megat karéta api. Turun di Leuwigoong atawa Cibatu. Ti dinya, nikreuh ka Limbangan. Datang-datang ka imah, dugsek saré. Parat nepi ka isuk-isuk.

Poe Senén, di sakola ditegor ku Pa Guru. Pédah Saptu bolos  atawa balik ti heula.Cukup dijawab ku alangah-elengeh.   “Lalajo Persib, nya?”saur Pa Guru.  Kuring unggeuk.

 Sihoréng Pa Guru gé nongton ka Bandung. Diajak ku Pa Haji Padil kana sédan Opel. Sarua Pa Haji Padil ogé, bobotoh Persib ti Limbangan.

Tangtu baé, lantaran beunghar jeung boga mobil sédan, keur bekel lalajo Persib ka Bandung, kaasup keur meuli karcis, Pa Haji Padil teu kudu ngagarayangan sayang hayam bogana batur. *** (Panineungan H.Usep Romli suwargi).   

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x