Dina jaman Jepang, pabrik walirang dituluykeun sarta ngaranna diganti jadi Kawah Putih Kenzanka Yokoya Ciwidey, sarta ditalingakeun ku militer. Teuing ti iraha produksi walirang ti Kawah Putih mimiti kandeg nu satuluyna eureun pisan.
Kencaeun samèmèh asup atawa rèk turun ka Kawah Putih aya komplek pamakaman. Ayeuna mah ditulisan makè plang "Patilasan Sunan Ibu".
Di dinya aya makam para luluhur, di antarana; Eyang Jaga Satru, Eyang Rangsa Sadana, Eyang Camat, Eyang Ngabai, Eyang Barabak, Eyang Baskom jeung Eyang Jambrong.
Di salah sahiji tempat di puncak Gunung Patuha, nu katelah Puncak Kapuk ku masarakat dipercaya tempat rapat atawa gempungan para luluhur nu dipingpin ku Eyang Jaga Satru.
Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo
Cenah di tempat ieu aya sababaraha urang warga sok kawènèhan ningali sabubuhan domba bodas nu dipercaya jirimna luluhur.
Objek Wisata
Ti taun 1987 Kawah Putih dikokolakeun ku Perhutani jadi ikon objek wisata Kabupaten Bandung.
Pikeun ngadeudeul objek wisata Kawah Putih kiwari aya tempat parkir lega, aya mushola, toilet, alat transportasi ti lawang hareup nepi ka kawah, pusat informasi, restoran, puluhan warung kadaharan.
Alat tranaportasi nu ngajajapkeun wisatawan ti parkir hareup nepi ka kawah nu anggangna kurang leuwih 3 kilometer tèh ontang-anting. Jumlah ontang-antingna 20, beus ukuran leutik nu diropea jadi kandaraan wisata. Hiji ontang-anting bisa muat 12 urang.