Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

- 2 Februari 2023, 13:30 WIB
Katuangan burayot, kuliner has Garut nu ayeuna ngamancanagara/Galura/Dok Aam PS
Katuangan burayot, kuliner has Garut nu ayeuna ngamancanagara/Galura/Dok Aam PS /

GALURA - Ayeuna mah teu hese neangan kuliner has Garut, Jawa Barat nu katelah burayot teh.

Enya kamari-kamari mah, apanan kawilang hese mun hayang ngopi burayot teh.

Mun baheula hayang ngasaan burayot, mun teu ngahaja ulin ka wewengkon Garut cara Leles jeung Kadungora, nya menta dikirim ka babaturan atawa dulur, via paket atawa angkutan umum cara elf atawa beus.

Baca Juga: Galendo, Abon, Dengdeng Sapi jeung Kecap Serbasari Kuliner Has Ciamis

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang

Atuh burayot nu dipihayang nu make bahan asli ge teu bisa milih. Ari pesenan mah nya sakahayang nu ngirim bae.

Tapi, ayeuna mah, utamana ti lima atawa genep taun ka tukang, teu kudu ka Garut atawa mesen ka dulur wae, mun  pareng hayang Burayot teh.

Pangna kitu, sabab di sawatara tempat di luar Garut, ayeuna renung lapak atawa kios nu husus ngajualan burayot.

Baca Juga: Wisata Kuliner Bogor, Jajaneun Angkringan Murah jeung Rupaning Takoyaki, Istimewa, Vibes Jogja Pisan!

Ayeuna mah apan di Jatinangor, Cileunyi, Cinunuk, Cicaheum jeung Leuwipanjang oge aya. Di sawatara tempat nu ditataan samalah aya nu langsung dijieun kawas di tempat asalna, Garut.

Sajaba di wewengkon Sumedang jeung dayeuh Bandung, basa Galura ulin ka wewengkon Bogor jeung Cianjur oge, lapak atawa kuis kuliner aya di sabaraha tempat.

Eta teh tangtu di luar burayot nu dijual di toko-toko kadaharana has daerah nu aya di sababaraha wewengkon.

Baca Juga: Iga Bakar jeung Baso Legend di Bogor, 2 Kuliner nu Pas Dijugjug Sakalian 'Healing' jeung Manehna

"Alhamdulilah, leres ayeuna mah lapak burayot tos nyebar di mana-mana," cek Tohari, pangusaha kuliner di Garut ka Galura sawtara waktu ka tukang.

Eta hartosna, cenah, burayot ayeuna mingkin booming, kasohor ka mana-mana.

"Nu matak reugreugna deui, numutkeun wartos, alatan aya dina YouTube atanapi media sosial sanesna, konsumen ti mancanagara nu panasaran kana burayot, aya hiji dua nu ngahaja pesen," cek Tohari deui.

Baca Juga: Tilu Wisata Kuliner Nu Merenah Dijugjug Mun ka Bogor, No 2 'Hidden Gems Sate & Sop Kambing'

Hanjakalna, inyana teu netelakeun pangrajin burayot mana nu kungsi ngirim ka luar negeri.

Nurutkeun Tohari, sawatara kuliner burayot di Garut, ayeuna malah aya nu geus narima pesenan burayot via aplikasi, najan husus keur wilayah nu teu jauh teuing (masih wewengkon Jawa Barat). 

"Mangga geura paluruh di Instagram," pokna.***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x