Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

- 1 Februari 2023, 12:30 WIB
Panday di Kabupaten Majalengka. Ti saprak Pajajaran runtag, panday ti Sunda sumebar ka sakuliah Nusantara.
Panday di Kabupaten Majalengka. Ti saprak Pajajaran runtag, panday ti Sunda sumebar ka sakuliah Nusantara. /

Utamana ku ayana Ekspidisi Pamalayu (1289 M) Kartanegara ka tanah Sunda nepi ka Sumatera, mawa pangaruh ka para empu Tanah Sunda.

Para empu kapaksa hijrah ka luar wilayah Pasundan muru Jawa Tengah, Jawa Wetan samalah aya nu meuntas ka sabarang ka Sumatera nepi sumebar ka sakuliah Nusantara.

Empu ti Tatar Sunda nu kawentar di antarana Empu Mercukunda, mekarkeun seni tempa (panday) di Sumatera saterusna ngabdi di karaton Pagaruyung.

Seuweu Empu Mercukunda, Empu Manca, pindah ka Tuban, Jawa Wetan jeung ku sabab kaahlianana nu hebat tea dileler anugerah Gosali.

Baca Juga: Bedana Hujan dina Pabaru Masehi jeung dina Pabaru Cina, ieu mah Baheula

Ku panguasa di ditu, Empu Manca dipernahkeun di muhara Bengawan Solo, anu baheulana mangrupa wewengkon “Watan Mas” urut Karajaan Medang Kamulan nu rajana Sanjaya nu asalna ti Galuh.

Nya di dieu pisan Empu Manca mangtaun-taun mekarkeun seni tempana nepi ka loba medalkeun murid jeung para putrana anu kawentar, purah nyieun pakarang nu hebat, nepi ka sumebar ka Madura jeung Bali.

Tina kituna kabudayaan tempa kaasup nyieun keris, bedog jeung sajabana ditumuwuhmekarkeun ku empu-empu Sunda ka sakuliah Nusantara.

Waktu Pajajaran runtag (1579 M) aya 800 kulawarga panday beusi pindah ka Majapahit. Sabada Majapait sirna, parindah deui, sumebar ka sakuliah pulo di Nusantara. ***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x