Lawang Bledheg Masjid Agung Demak, Lambang toleransi di Karajaan Demak

- 30 Januari 2023, 11:30 WIB
Lawang Bledheg di Masjud Agung Demak, lambang toleransi di Karajaan Demak.*
Lawang Bledheg di Masjud Agung Demak, lambang toleransi di Karajaan Demak.* /

GALURA -Di Masjid Agung Demak aya panto nu dingaranan Lawang Bledheg. Lawang harti panto, ari bledeheg hartina gelap (bs. Indonesia: petir). Lawang Bledheg: Panto Gelap.

Lawang Bledheg di Masjid Agung Demak teh diukir, motifna tutuwuhan, suluran (lung), jambangan, mahkota siga stupa, tumpal, camara, jeung hulu naga, dua, nu ngaluarkeun seuneu.

Ceuk sakaol ukiran naga dina Lawang Bledeg di Masjid Agung Demak teh wujud gelap nu nu ditewak ku Ki Ageng Selo. Cenah Ki Ageng Selo kungsi kasamber gelap, ngan teu keuna, gelapna katewak manten.

Baca Juga: Cenah di Demak Jawa Tengah Tara Aya Gelap da Ditewak ku Ki Ageng Selo

Ku Ki Ageng Selo dibawa ka Sultan Demak. Datang ka Demak ngajenggelek jadi naga sarta bentukna diukir dina lawang panto masjid sarta dingaranan Lawang Bledheg.

Eta ceuk legenda. Mungguh elmu pangaweruh mah ukiran naga dina Lawang Bledheg teh candra sangkala (bs. Jawa: sengkalan memet) nu dina basa deungeun mah:chronogram.

Ukiran dina Lawang Gledheg teh ngandung kalimah: “naga mulat salira wani”. Naga nuduhkeun angka 8; mulat angka 8; salira angka 3; wani angka 1.

Maca angkana ti katuhu, jadi: 1388, ieu nuduhkeun taun Saka, dina taun Masehi mah taun 1466. Taun 1388 Saka atawa taun 1466 Masehi teh ceuk sakaol titimangsa mimiti diadegkeunana Masjid Agung Demak.

Baca Juga: Nusakambangan Ceuk Versi Jawa, Kembang Wijaya Kusumah, Bathari Durga jeung Sang Hyang Pramoni

Supatmo, dosen Jurusan Seni Rupa Universitas Negeri Semarang (UNES) nyebetkeun Lawang Bledheg teh ngandung ajen-inajen simbolis pra-Islam.

“Motif tradisi seni hias pra-Islam (Jawa, Hindu, Buddha, jeung China) dina ornamen Lawang Bledheg Masjid Agung Demak teh simbolisasi ngeunaan toleransi,” pokna.

Toleransi anu dimaksud teh kana pluralitas budaya masarakat dina awal budaya Islam di Jawa, lebah dieu di Demak.

Ngandung harti harita di Jawa, masyarakat mibanda budaya nu beda-beda, malah aya budaya hasil campuran budaya Jawa, Hindu, Budha, jeung China nu tembong dina bangunan, sikep hirup, dahareun jeung sajabana.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x