Cek Adi, karek ku sakitu ge maranehna reueus, komo mun dina hiji waktu seni Mabokuy bisa ngawakilan Ciamis dina festival momones tingkat Jawa Barat.
“Abdi saparakanca, tangtos langkung reueus deui, pami tiasa dugi ka kitu mah,” pokna.
Baca Juga: Doel Sumbang: Lagu ‘Runtah’ Asalna di Susunan Panghandapna
Rajadesa teh, nurutkeun catetan, memang salahsahiji wewengkon di Kabupaten Ciamis anu sabagean wargana ancrub kana nyieunan rupaning barang anyaman tina awi.
Barang anyamanana upamana wae boboko, nyiru, aseupan, nyiru, cetok, dingkul jeung sajabana.
Warga Rajadesa saperti kitu, geus ti baheula mula, lain karek ayeuna-ayeuna. “Sakaterang, barang abdi emut, pun bapa sareng wargi-wargi abdi, tos biasa nganyam,” cek Adi nu kiwari umurna rek mentas tilu puluh taunan.
Baca Juga: Awi, ti Mimiti Parabot Dapur, Wawadahan Tepi ka Bahan Bangunan
Salasahiji nu ngalantarankeunana, tangtu lantaran di wewengkon Rajadesa, rea keneh tangkal awi nu hinisna atawa dagingna bisa diolah jadi barang anyaman.
Kiwari, cara di wewengkon sejen, kebon awi rea nu dibukbak laju diganti ku pepelakan sejen, atawa lemahna disulap jadi paimahan. Temahna, awi mimiti ngurangan di Rajadesa.
Parandene kitu, ari pangrajin barang anyaman mah nepi ka ayeuna rea keneh, di Rajadesa teh, najan jumlahna teu kawas baheula.***