Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Leubeut ku Simbul jeung Siloka

4 Februari 2023, 10:30 WIB
Rina M. Gunawan, siwi Abah Alam, salahsaurang tokoh kasundaan, ngagelar acara babarit di Lembang, Kabupaten Bandung Barat (04/03/2020). /

GALURA -Tradisi hajat tujuh bulan kakandungan ku urang Subang, Ciamis, jeung Jatiwangi Majalengka disebutna Babarit ari ku urang Bandung disebut tingkeban.

Babarit hajat tujuh bulan kakandungan dilaksanakeun ku wanoja nu ngandung munggaran, anu umur kandunganna geus tujuh bulan. Wanoja nu ngandungna kawin masih parawan.

Kabéhdianakeun Babarit hajat tujuh bulan kakandungan digelar lain ukur ku wanoja nu ngandung munggaran tapi ku wanoja nu ngandung kadua jeung saterusna.

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo

Wanoja anu kakandungan jeung salakina dina upacara Babarit dimandian ku cai kembang tujuh rupa.

Dimandianna di rohangan husus, biasana dina balé atawa balandongan, dipindingan ku samping atawa kaén bodas. Eta kaén dipasang dina rohangan nu unggal juruna ditanceban tangkal tiwu.

Tangkal tiwu dipake tihang keur nerapkeun kaén atawa samping. Tangkal tiwu nu dipasang di unggal juru simbol opat papat kalima pancer.

Kembang dikeueum dina gentong. Cai kembangna disiuk ku siwur ku para sepuh, terus dibanjurkeun kana sirah nu keur kakandungan katut salakina.

Baca Juga: Bedog-Bedog Kakoncara ti Tatar Sunda, Dijieun Teu Dapon, Pandayna Kudu Bari Puasa

Laju salakina mamawa kendi dibawa ka jalan pasampangan terus dibeubeutkeun, tepi ka éta kendi peupeus, ditumbu ku meulah duwegan atawa kalapa ngora.

Duweganana digambaran wayang Dewi Subadra, Srikandi, Dewi Sinta, Arjuna, Abimanyu jeung Batara Rama.

Cenah ngarah nurut buat, mun lahir budak awéwé, ngarah geulis kawas Dewi Subadra, Srikandi jeung Déwi Sinta, mun lalaki ngarah siga Arjuna, Abimanyu atawa kawas Batara Rama.

Simbul Siloka ti Babarit
Upacara babarit beuti hartina, kedah nyeuweu kana saripati cai. Cai mah gampang nyaluyukeun diri, cai bedas tanagana, cai lega ambahanana, cai jero pangancikanna, cai gedé mangpaatna.

Ieu saluyu jeung harti Sunda: cai. Nu matak di Sunda mah loba ngaran tempat nu make kecap ci. Babarit oge teu leupas tina pilosopi cai.

Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Nu munggaran diséka sampéan, sangkan anu keur ngandung jeung nu dikandung teu salah léngkah, teu salah lumampah.

Numbu kana nyéka panangan, sangkan leungeuna méré mangpaat ka dirina, jeung kabalaréa, bisa nuyun kana jalan anu lempeng, anu diprido ku Gusti Nu Maha Suci.

Ti dinya, néma kana nyéka pameunteu, sangkan beungeutna cahayaan, béar marahmay, soméah, daréhdéh, méré katingtriman ka dirina jeung ka balaréa.

Tuluy nyéka embun-embunan, sangkan pikiranna beresih anggang tina sirik, pidik, jail kaniyaya, uteukna mencar, motékar, rancage jeung rapekan.

Diteruskeun ku nyéka puseur atawa udel, atawa bujal, sangkan rasana kaséka, beresih batinna.

Babarit dipungkas ku ngaleupaskeun belut, anu eusina, hiji harepan sangkan dina waktu ngalahirkeun lungsur langsar, taya halangan harungan sarta gubragna jabang bayi salamet sarta sareta saterusna waluya.***

 

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler