Mabokuy, Momones Anyar Ti Rajadesa, Ciamis, Mucunghul tina Jiwa Seni Warga nu Apal Kana Potensi Desa

26 Januari 2023, 16:45 WIB
Momones Mabokuy ti Rajadesa, Ciamis/ Galura/ Dok Aam PS /

GALURA - Mabokuy. Kitu katelahna momones anyar nu lahir di masarakat Desa Sukamaju Kacamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis teh.

Disebut anyar, sabab mucunghulna Mabokuy teh kaayeunakeun, sabada warga desa nu mibanda jiwa seni, apal kana potensi nu aya di desana.

Mabokuy, lain momones mangrupa kadaharan, tapi momones nu ngandung harti manusa (manusia), boboko jeung dudukuy. Tapi aya nu nyebutkeun "Ma" dina Mabokuy teh marawis.

Baca Juga: Patilasan Eyang Dalem Arya Kancana di Cibangban Desa Bunter Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Ieu monones, mangrupa bebegig atawa papatungan nu dijieunna tina boboko jeung dudukuy atawa rupaning hasil anyaman lianna cara aseupan, hihid, jeung boboko, anu mun keur mintonna, dipirig ku tatabeuhan, kaasup marawis.

“Wangun papatunganana rupi-rupi gumantung kahoyong nu ngarekana. Tapi galibna mah wangunna niron-niron badut, badawang atanapi hahayaman,” cek Adi.

Adi teh, nonoman Rajadesa, salahsahiji nu mokalan eta momones, dina hiji waktu ka Galura, basa keur mintonkeun kasenianna di Rajadesa.

Baca Juga: Barang tina Anyaman, Ngurangan Wadah Plastik jeung Stropon nu Bahanna Matak Keumeuh Lingkungan

Nurutkeun Adi, Mabokuy teh hiji momones atawa kasenian anyar nu mucunghul kaayeunakeun.

Eta momones mucunghul tina kasadaran yen Rajadesa euyeub ku hasil karajinan tina awi, di antarana boboko jeung dudukuy sarta nu lianna.

“Saterasna, malar sadayana emut yen Rajadesa beunghar ku barang karajinan tina awi, nu motekar, ngareka momones, nya ngajanggelek Mabokuy tea,” pokna.

Baca Juga: Hikmah Pandemi, Doel Sumbang leuwih Getol Nyanggi Lagu Anyar

Eta momones teh deuih, dipiharep bisa mingkin ngawanohkeun produk karajinan Rajadesa utamana barang anyaman, boh di Ciamis, boh di Jawa Barat atawa Nasional.

Mun nu mikawanohna rea, cenah, hasil karajinanana tangtu bakal ngaraharjakeun rahayat desa nu boga kasab kana nyieunan barang karajinan.

Adi nembrakkeun, manehna jeung warga Rajadesa sejenna ayeuna teu weleh neundeun harepan Mabokuy bisa nyeungitkeun ngaran Ciamis dina widang kasenian nu raket patalina jeung muatan lokal.

Baca Juga: Sampyong Seni Tarung nu Mimiti Mekar di Desa Baribis Majalengka, Ceuk Tb Hasanuddin, Perlu Regenerasi

“Tapi abdi saparakanca yakin, Mabokuy, hiji waktos bakal kakoncara kamana-mana sapertos Bebegig Sukamantri atanapi nu sanesna, anu mucunghulna kaayeunakeun,” cenah.

Sok midang, atoh

Mabokuy ayeuna remen midang di sawatara tempat/Galura/Dok Aam PS

Sok sanajan teu remen, seni Mabokuy ayeuna sok rajeun midang, cara dina iringan-iringan atawa helaran Agustusan tingkat kacamatan, atawa tingkat Kabupaten.

Cek Adi, karek ku sakitu ge maranehna reueus, komo mun dina hiji waktu seni Mabokuy bisa ngawakilan Ciamis dina festival momones tingkat Jawa Barat.

“Abdi saparakanca, tangtos langkung reueus deui, pami tiasa dugi ka kitu mah,” pokna.

Baca Juga: Doel Sumbang: Lagu ‘Runtah’ Asalna di Susunan Panghandapna

Rajadesa teh, nurutkeun catetan, memang salahsahiji wewengkon di Kabupaten Ciamis anu sabagean wargana ancrub kana nyieunan rupaning barang anyaman tina awi.

Barang anyamanana upamana wae boboko, nyiru, aseupan, nyiru, cetok, dingkul jeung sajabana.

Warga Rajadesa saperti kitu, geus ti baheula mula, lain karek ayeuna-ayeuna. “Sakaterang, barang abdi emut, pun bapa sareng wargi-wargi abdi, tos biasa nganyam,” cek Adi nu kiwari umurna rek mentas tilu puluh taunan.

Baca Juga: Awi, ti Mimiti Parabot Dapur, Wawadahan Tepi ka Bahan Bangunan

Salasahiji nu ngalantarankeunana, tangtu lantaran di wewengkon Rajadesa, rea keneh tangkal awi nu hinisna atawa dagingna bisa diolah jadi barang anyaman.

Kiwari, cara di wewengkon sejen, kebon awi rea nu dibukbak laju diganti ku pepelakan sejen, atawa lemahna disulap jadi paimahan. Temahna, awi mimiti ngurangan di Rajadesa.

Parandene kitu, ari pangrajin barang anyaman mah nepi ka ayeuna rea keneh, di Rajadesa teh, najan jumlahna teu kawas baheula.***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler