Panineungan Adang S. Kajurung ku Kaludeung jeung Kasieun  

- 6 Juni 2024, 20:00 WIB
Adang S, tentara nu oge sastrawan.
Adang S, tentara nu oge sastrawan. /

 

GALURA.CO.ID -Haji Adang S., pangarang Sunda jeung tentara, nu pupus Saptu 15 Pébruari 2020, di Bandung, mimiti ngumumkeun tulisan mangrupa carita pondok, taun 1966 dina majalah Manglé. Kabeneran harita, Pimréd Manglé Mohammad Rustandi Kartakusumah, getol pisan néangan bibit-bibit anyar pangarang Sunda.

Nu katémbong aya anléh, diatik dididik tur dijeujeuhkeun. Nya lahir para pangarang Sunda “éntragan” anyar. Kayaning Adang S., Aam Amilia, Ningrum Julaéha, Suhana Darmatin, R.A. Samassaputra, Saléh Danasasmita, jeung réa-réa deui.

Dina karangan-karanganana, Adang S. maké ngaran Kopda (Kopral Dua) Adang S. Nu matak terus baé katelah “Pa Kopral”, najan pangkatna geus naék kana sersan. Sarta teu kapanggih ngarang maké ngaran Serda Adang S. Malah saterusna mah, pangkat kamilitéranana tara ditulis deui.

Kawilang produktip nulis najan bari sibuk ku tugas kamiliteran nu sakitu padetna. Salian ti dina Manglé, tulisanana sumebar dina Giwangkara, Hanjuang, Gondéwa, Galura, jsb. Dina basa Indonésia tulisanana dimuat dina Buana Minggu, Pikiran Rakyat, Gala, Galamédia, jsb.

“Nulis téh kajurung ku campurna perasaan teuneung ludeung jeung sieun keur  nyanghareupan musuh,” ceuk Adang S., dina salasahiji  wangkongan.

Salaku anggota pasukan infantri “barét héjo” (Batalyon 330/Kujang I Siliwangi, saterusna jadi Pasukan Kostrad), Adang S. mindeng ditugaskeun di médan pertempuran. Ti mimiti numpes karaman DI/TII (1962), Kahar Muzakkar (1964), nepi ka Timor Timur (1975). Pangalamanan ngepung Kahar Muzakkar di paleuweungan Sulawesi Selatan, dicaritakeun  dina novel Ngepung Kahar Muzakkar (1983).

Buku séjénna nu ngandung latar kasang kamilitéran, kumpulan carpon Amanat dina Congo Bedil” (1979).

Judul-judul buku karya Adang S nu kacatet dina wanda carita barudak: Dang Umar ti Situraja, (1988), Ngungsi (1989), Budak Calakan (1990), jsb.

Sajaba ti sibuk ngarang, Adang S. ogé boga karep nurunkeun kabisana ka saha baé nu hayang bisa ngarang. Nya ngadegkeun “Kursus Ngarang Basa Sunda” (1986). Lantaran ngantorna ‘nébéng’ di Proyék Sundanologi, Gd. Merdéka, Bandung, nya “Kursus Ngarang Basa Sunda” téh dingaranan  “Kursus Ngarang Sundanologi”. Dirojong ku para pangarang séjén, di antarana Abdullah Mustappa, Aam Amilia, Éddy D. Iskandar, Duduh Durahman, Usép Romli HM, Hidayat Susanto, jrrd.

“Kursus Ngarang Sundanologi” lumayan ogé ngalahirkeun para pangarang jeung jurnalis. Bisa disebut di antarana nu kawilang suksés, nyaéta H. Asép Bakrie wartawan HU Pikiran Rakyat (1990-2007, saterusna nepi ka pangsiun jadi Sekretaris Perusahaan PT Pikiran Rakyat), jeung Rosyid É. Abby (ayeuna Pimréd SKM Galura).

Taun 1988, “Kursus Ngarang Sundanologi” dirobah jadi “Caraka Sundanologi”, dumasar usulan Aam Amilia. Garapanana ngalegaan. Lain ngarang atawa sastra wungkul, tapi ngambah kum kagiatan seni-budaya. Utamana, téater (drama), boh modérn, boh tradisional (téater rayat samodél longsér),  katut seni pintonan séjénna. Kantorna pindah ka gedong Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) Jl. Naripan, tapi ngaran “Sundanologi” mah henteu dilésotkeun.

Salasahiji garapan Caraka Sundanologi nu kawilang suksés, nyaeta “Sisindiran”. Aya taunna ditayangkeun ku TVRI Bandung (ayeuna TVRI Jawa Barat) unggal minggu. Pada mikaresep, teu kaéléhkeun ku Inohong ti Bojongrangkong, drama komédi karya Rahmatulloh Ading Affandi (RAF), nu sarua jadi “maskot” tayangan TVRI Bandung.

Naskah “Sisindiran” nu sok dipintonkeun ku Caraka Sundanologi di TVRI Bandung, dikumpulkeun dina buku “Sisindiran” karya Adang S. (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2015).

Para “alumni” Caraka Sundanologi sumebar sarta aktip di mamana. Dina dunya sastra, téater, film, katut entertainment séjénna. Salasaurang di antarana, Rinrin Candraresmi, aktris téater, narator, déklamator/pamaca puisi, nu minggu-minggu ieu keur manggung di Ustrali, bareng jeung panyajak/dramawan Godi Suwarna jeung bojona, Nila Rahmawati, penari kasohor, dina arahan sutradara Wawan Sofwan (MainTéater).

Berkah kagiatanana dina seni budaya, Adang S. kungsi meunang “Anugerah Budaya” Kota Bandung (2014) jeung Hadiah Rancagé pikeun jasa kana basa katut sastra Sunda (2016).*** URM

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah