Pinunjul Kahiji Maca Sajak Ajip Rosidi, Maulana Fikri: Puisi Nyumponan Pangabutuh Batin

- 4 Maret 2023, 09:07 WIB
Maulana Fikri Dwi Laksana, nu kapeto jadi pinunjul kahiji pasanggiri maca sajak ‘Jante Arkidam’ karya Ajip Rosidi dina raraga ngareuah-reuah Poe Basa Indung Sadunya 21 Februari 2023.*
Maulana Fikri Dwi Laksana, nu kapeto jadi pinunjul kahiji pasanggiri maca sajak ‘Jante Arkidam’ karya Ajip Rosidi dina raraga ngareuah-reuah Poe Basa Indung Sadunya 21 Februari 2023.* /R. Agam/

GALURA – Kapeto jadi pinunjul kahiji maca sajak Ajip Rosidi, pikeun aktor Maulana Fikri Dwi Laksana minangka kareueus.

Mimindengna maca puisi dina basa Indonésia, ari ieu aya kasempetan milu pasanggiri maca puisi basa Sunda karya Ajip Rosidi téa, keur Maulana Fikri mah éstu jadi tangtangan.

Kalawan tatahar jero saminggu, antukna Maulana Fikri kapeto jadi pinunjul kahiji maca sajak Ajip Rosidi.

Pasanggiri maca sajak “Jante Arkidam” yasana Ajip Rosidi téh digelar dina raraga ngareuah-reuah Poe Basa Indung Sadunya 21 Februari 2023 alpukahna Singrancagé.

Dina éta pasanggiri nu maca sajakna dina wangun vidio téh, digelar minangka tanda hormat ka Ajip Rosidi suargi.

Baca Juga: Sastrawan Ajip Rosidi (1938 – 2020): Antara Masyitoh, Jante Arkidam, jeung Bagus Rangin

Tah, nu milu éta pasanggiri aya 274 urang, kalawan nu ngirim link-na mah 246 urang.

“Alhamdulillah, kapeto jadi pinunjul kahiji maca sajak ‘Jante Arkidam’ karya Pa Ajip Rosidi. Ieu panglélér téh jadi pamecut pikeun kuring geusan terus makarya nu sahadé-hadéna,” ceuk Maulana Fikri, waktu dikontak poe Jumaah, 3 Maret 2023.

Dina tatahar nyanghareupan éta pasanggiri téa, salasahijina nyaéta neuleuman runtuyan kalimahna atawa kecap basa Sunda malar merenah dina dipidangkeunana tur ngadumanis jeung ekspresina.

“Tétéla, teu babari maca sajak basa Sunda téh. Tapi éta jadi tangtangan, salila tatahar latihan, ogé bet laju ngandelan kacinta kana basa Sunda nu boga eroh, rasa jiwa nu mandiri,” pokna.

Maulana Fikri Dwi Laksana téh gumelar di Majalengka, 11 Novémber 1999.

Sabada lulus ti SMKN 1 Majalengka, tuluy kuliah di Jurusan Teater Institut Seni Budaya Indonesia (ISBI) Bandung.

Baca Juga: Dilélér Hadiah Sastra Rancagé 2023, Hadi AKS: Sastrawan Sunda Kudu Lampar!

Aktif tur aub dina sababaraha komunitas kasenian, antarana Ketua Seksi Basa jeung Sastra Dewan Kesenian Majalengka, Majalengka Actor Laboratory, katut 9 Art Laboratory.

Kungsi nyutradaraan drama Dunia Seolah-olah, ogé maén minangka aktor dina lakon Ameng Belentung, Ameng Batu, sarta Bedol Désa, tur minton maca sajak dina pirang-pirang acara.

Lian ti éta, Maulana Fikri gé jadi stage manager dina pintonan Kusit, Pertja, Surade Exotic Expo, tur Nyanyian Adinda untuk Saijah.

“Kurang leuwih geus genep taun ancrub ka dunya teater téh, boh maén jadi aktor boh nyutradaraan, nulis naskah, stage manager, katut maca puisi,” pokna deui.

Pikeun manéhna, teater jeung puisi téh estu nyumponan pangabutuh batinna.

Gilig ancrub ka dunya seni, hususon teater jeung puisi, éta jadi media pikeun manéhna ngungkabkeun ekspresi tur kaguligah di satengahing paniténan, ngararasakeun, sarta ngalaman rupaning kajadian atawa fenomena sosial kahirupan.

“Kapeto jadi pinunjul kahiji dina pasanggiri maca sajak ‘Jante Arkidam’ yasana Pa Ajip Rosidi, pikeun kuring mungguh leubeut ku hikmah, salasahijina nguniangna rasa micinta kana basa Sunda,” ceuk Maulana Fikri, mungkas obrolan.***

Baca Juga: Putri Anjungsari (45), Sora Manuk Tuweuw nu Jadi Tanda Kajadian Aheng

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x