Anggalarang teu nurut kana papatah kolotna, inyana boga kayakinan moal aya kajadian nanaon. Naon nu ditepikeun ku kolotna, ngabukti. Karajaan Anggalarang diburak-barik ku bajo, tepi ka Anggalarang tiwas ku gegedug bajo.
Bojo Anggalarang, Dewi Siti Samboja, anu tadina rek ditewak ku bajo, bisa ngaloloskeun diri sarta nyumput lantaran diteangan ku bajo. Gegedug bajo, ngaranna Kalasamudra teh kapincut ku kageulisan Dewi Siti Samboja.
Prabu Siliwangi barang ngadenge Anggalarang tilar ku bajo, nitah Siti Samboja nyamur jadi ronggéng kalawan make ngaran Déwi Rengganis.
Tujuanana ngumpulkeun kakuatan pikeun ngalawan jeung ngusir bajo. Nu utamana Siti Samboja hayang males kanyeri ka Kala Samudra.
Baca Juga: Ida Widawati, Ngigelan Jaman ku Mageuhan Seni Tradisi
Kanyeyenyerianna, jeung rasa sonona Dewi Siti Samboja ka Anggalarang digambarkeun ngaliwatan lagu anu rumpakana:
Ka mana boboko suling
Teu kadeuleu-deuleu deui
Ka mana kabogoh kuring
Teu kadeuleu datang deui.
Dewi Siti Samboja mindeng ngagelar pintonan sangkan paraa bajo daratang. Hiji mangsa waktu Siti Samboja jeung jawara pinilih keur pagelaran, Kala Samudra jeung balad-baladna datang milu lalajo.
Para jawara nu diharudum sarung jeung Siti Samboja bari ngigel ngadeukeutan Kala Samudra. Teu diengkekeun deui Kala Samudra ditelasan.
Baca Juga: Ida Widawati, Sataun saméméh Manggung Ngaranna geus Dibéwarakeun