Galeri Abah Djani di Museum Wayang Purwakarta, Wayang Golek Wanda Purwakarta

1 Maret 2023, 12:30 WIB
Abah Djani keur ngecet hulu wayang golek di Museum Wayang Purwakarta. /Nanang S/Galura

GALURA -DI Museum Wayang  nu pernahna di Jalan Ganda Negara kompleks kantor pamerintah Kabupaten Purwakarta Abah Djani, 55 tahun, keur jongjon ngecet hulu wayang, lebah ukiranana.

Abah Djani nu lahir di Sukatani dihiap ku bupati Purwakarta, Anne Ratna Mustika, sina ngahaneutan Museum Wayang  nu dibangun ku pamarentah Kabupaten Purwakarta.

Memeh ngeuyeuban Museum Wayang, Abah Djani ti taun 2015 jadi seniman di Taman Nusa Gianyar, Bali, di anjungan Karaton Cirebon. “Teras dihiap ku Bunda,” pokna. Nu dimaksud Bunda ku Abah Djani teh  Anne Ratna Mustika.

Baca Juga: Tb Hasanuddin Nganjang ka Padepokan Pencak Silat Lodaya Aki Panglipur Cabang Kabupaten Majalengka

Di Anjungan Cirebon, Abah Djani nyieunan wayang golek Sunda, hasil karancageanana dipajang di galeri-galeri jeung dipamerkeun dina acara-acara budaya di Bali.

Pangna Anne Ratna Mustika apaleun ka dirina, hiji mangsa Anne Ratna Mustina neangan pangrajin wayang golek anu hasil karancagenana nenggang ti nu sejen.

Anne teh nyadiakeun cinderamata wayang golek keur tamu ngan wayang golek nu beda jeung gaya wayang golek nu geus dipikawanoh. Aya nu ngabejaan ngeunaan Abah Djani sakalian mere nomer teleponna.

Ku Anne ditelepon sarta disina mulang ka Purwakarta. Dihiras nyieun wayang sakumaha kahayang Anne. Kapake. Laju dititah pindah ka Purwakarta sina muka galeri di Museum Wayang.

Baca Juga: Pokdarwis Prabu Wangi Desa Winduraja Magelarkeun Seni Pertunjukan Damar Larung, 12 Maret 2023

Di Purwakarta, Abah Djadi mekarkeun wanda wayang dina corak warna cet nu nenggang ti gaya wayang lianna, babakuna ti gaya Cibiru jeung jeung Giri Harja. 

Gaya Purwakarta leuwih deukeut ka gaya wayang Bogor. Di antarana ukiranana, utamana dina cet hulu wayang.

Anu ngajurung Abah Djani ancrub kana nyieunan wayang golek teh alatan akina. Abah Djani waktu keur leutik kungsi ka akina ngerewih hayang dipangmeulikeun Si Cepot.

Tapi ku akina henteu ditedunan kalah ka nitah nyieun sorangan. Panasaran ku panitah Akina, sanggeus sawawa miang ka Bogor, ka Cinangka, Ciampea, Bogor.

Baca Juga: Tarekah Rahmat Angkung ti Saung Angklung Mang Udjo sangkan Angklung Diaku Warisan Dunya ku UNESCO

Di ditu, Abah Djani, neuleuman cara nyieun wayang golek ka dalang sepuh  Abah Ahim. Alatan keyeng, gede kadaek, jeung terus-terusan tetelepek, Abah Djani kapake ku Abah Ahim.

Wayang nu dipake ku Abah Ahim kabeh dijieun ku Abah Djani harita mah nonoman keneh. Abah Djani oge kungsi nyieun wayang pakeeun Asep Sunandar Sunarya.

Samemeh “resmi” jadi pangrajin wayang golek, Abah Djani ditawajuhan heula ku Abah Ahim. Dimandian ku cai kembang tujuh rupa, dimandianana teh jam 12 peuting malem Jumaah.

Memehna tawasulan heula ka tokoh nu ngamimitian nyieun wayang golek Sunda di Cibiru Kabupaten Bandung.

Salian ti nyieun wayang keur pentaskeuneun, Abah Djani oge nyieunan wayang keur hiasan. “Boh kanggo para dalang boh kanggo hiasan bahanna kai lame atanapi albasiah,” pokna.

Gaya atawa corak wayangna gumantung kana kahayang nu pesen babakuna wayang keur hiasan, naha rek gaya Cibiru, Giri Harja, Bogor atawa Purwakarta.

Pikeun Abah Djani, diadegkeunana Museum Wayang di Purwakarta kacida pisan merenahna pikeun leuwih ngawanohkeun sagala rupa nu aya patalina jeung wayang golek.

Ti mimiti nyieun wayang golek, gaya wayang golek, jeung pagelaranana. Komo deuih Museum Wayang Golek Purwakarta mindeng didongdon ku barudak sakola.***  

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler