Angklung  Buhun Kanekes, Bukti Angklung geus Aya Jauh Samemeh Jaman Karajaan Pajajaran

19 Februari 2023, 10:30 WIB
Angklung buhun Kanekes ngabuktikeun angklung geus aya jauh samemeh Karajaan Pajajaran. /kabarbanten/com

GALURA -Catetan ngeunaan angklung geus aya dina mangsa Karajaan Pajajaran, dina abad ka 12. Ngan saenyana angklung geus aya jauh samemeh Karajaan Pajajaran. Artefakna angklung buhun Kanekes (Baduy), Banten.

Nu jadi ciri umur angklung geus kolot umurna adek pisan jeung ritual paré, angklung buhun Kanekes dipaké media panganteur upacara ngahurmat Nyi Pohaci, sangkan lahan tatanén di huma subur, tradisi nu hirup ti jaman saacan Karajaan Pajajaran.

Angklung buhun Kanekes diwangun ku salapan angklung: angklung Indung, Ringkung, Dongdong, Gunjung, Indung leutik, Éngklok, Trolok, jeung dua angklung roél. Bisa jadi jaman Karajaan Pajajaran oge jenis angklungna sarua.

Baca Juga: Angklung, Seni jeung Waditra Asli Tatar Sunda, Ngandung Filosopi nu Luhung

Sacara téknis ngaran-ngaran éta angklung buhun Kanekes, méré ciri ngeunaan larasna, atawa nadana, ogé sorana. Tangtu beda jeung angklung nu dipiwanoh ku umumna urang ayeuna. 

Nada jeung sora angklung buhun Kanekes leuwih nyindekel kana wangun perkusi, anu ngawirahma atawa mibanda ritmik, pikeun mirig réngkak ibing dina upacara mapag sri waktu nyalin atawa panén.

Alat musik diwangun sora, gedé patalina jeung peradaban kuno nu geus kolot pisan, jeung dianggap buhun. Di Kanekes angklung oge kitu pisan: geus buhun pisan, kaharti mun disebutkeun geus aya jauh samemeh Karajaan Pajajaran.

Mun dikaitkeun jeung nyukcruk sajarah angklung, ngeunaan angklung anu diropéa nadana ku Pa Daéng Sutigna gedé patali jeung angklung buhun di Kanekes. 

Baca Juga: Wayang Golek Diciptakeun ku Sunan Kudus, Populer di Sunda

Masih pakait jeung artéfak angklung, angklung gubrag ti Jasinga Kabupaten Bogor umurna geus 400 taun, negeskeun angklung ti tatar Sunda leuwih kolot umurna.

Ceuk sakaol angklung buhun nu aya di daerah Sérang Banten umurna aya nu geus ratusan taun. Kitu deui angklung buhun dog-dog lojor nu aya di Kasepuhan Ciptagelar, umurna geus ratusan taun, éta nandakeun angklung di tatar Sunda leuwih kolot umurna.

Umur angklung anu geus ratusan taun bisa disusud, bisa dicukcruk dina téks naskah Sunda kuno, salahsahijina dina naskah Kabuyutan Ciburuy.

Urang Sunda mangsa bihari geus wanoh kana awi jeung pring. Salahsahiji bukti teksna dina naskah Bujangga Manik, disebutkeun aya awi anu dijieun waditra.

Kitu deui dina Carita Parahyangan kasabit ngeunaan awi anu dijieun waditra. Ieu hal gedé patalina dalitna urang Sunda jeung awi.***   

 

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler