Ronggeng Gunung ti Banjarsari Kabupaten Ciamis, Balas Dendamna Dewi Siti Samboja ka Kala Samudra

6 Februari 2023, 11:30 WIB
Grup kasenian Ronggeng Gunung ti Banjarsari Kabupaten Ciamis taun 1870 (Foto: Collectie Stichting Nationaal Museum van Wereldculturen/Wikipedia) /

GALURA -Ronggeng Gunung teh kasenian tradisional ti Kabupaten Ciamis. Puseurna di Kecamatan Banjarsari teu jauh tapel wates Kabupaten Ciamis jeung Kabupaten Pangandaran.

Seniman kahot Ronggeng Gunung ngaranna Bi Raspi. Geus sepuh pisan. Ayeuna di padumukanana di Banjarsari Kabupaten Ciamis nurunkeun tehnik nembang lagu-lagu Ronggeng Gunung jeung rengkenek ngigelna.

Waditra Ronggeng Gunung diwangun ku kendang, kecrék, ketuk (penclon) jeung goong. Dina ieu kasenian tradisional ti Banjarsari Kabupaten Ciamis teh teu aya penari wanoja anu marengan lalaki ngigel.

Baca Juga: Ronggeng Amen Kasenian Tradisional di Kabupaten Pangandaran nu Dipikalandep ku Entragan Ngora

Nu ngigelna kabeh lalaki, asup ka pakalangan bari diharudum sarung dikanasirahkeun tepi ka teu katempo paromanana. Ngigelna semu tungkul, ngigelna baris ka tukang ngantay, nguriling ngawangun buleudan leutik.

Sinden ukur ngahaleuang, najan sarua ayana di pakalangan, henteu marengan lalaki nari, beda jeung Ronggeng Kaler atawa Ronggeng Amen nu mekar di Kabupaten Pangandaran.

Pangna lalaki ngigel diharudum sarung tepi ka sirah aya patalina jeung kasang tukang carita Anggalarang jeung bojona waktu rék ngadegkeun karaton di lelewek Pananjung.

Bapana, Prabu Haur Kuning ti Karajaan Galuh, nyaram Anggalarang ngadegkeun karajaan di Pananjung lantaran réa bajo (bajak lauk) anu engkena ngaganggu katingtriman.

Baca Juga: Ngasuh Tari Jaipong, Memey : Hoyong Ngamumule Seni Sunda

Anggalarang teu nurut kana papatah kolotna, inyana boga kayakinan moal aya kajadian nanaon. Naon nu ditepikeun ku kolotna, ngabukti. Karajaan Anggalarang diburak-barik ku bajo, tepi ka Anggalarang tiwas ku gegedug bajo.

Bojo Anggalarang, Dewi Siti Samboja, anu tadina rek ditewak ku bajo, bisa ngaloloskeun diri sarta nyumput lantaran diteangan ku bajo. Gegedug bajo, ngaranna Kalasamudra teh kapincut ku kageulisan Dewi Siti Samboja.

Prabu Siliwangi barang ngadenge Anggalarang tilar ku bajo, nitah Siti Samboja nyamur jadi ronggéng kalawan make ngaran Déwi Rengganis.

Tujuanana ngumpulkeun kakuatan pikeun ngalawan jeung ngusir bajo. Nu utamana Siti Samboja hayang males kanyeri ka Kala Samudra.

Baca Juga: Ida Widawati, Ngigelan Jaman ku Mageuhan Seni Tradisi

Kanyeyenyerianna, jeung rasa sonona Dewi Siti Samboja ka Anggalarang digambarkeun ngaliwatan lagu anu rumpakana:

Ka mana boboko suling
Teu kadeuleu-deuleu deui
Ka mana kabogoh kuring
Teu kadeuleu datang deui.

Dewi Siti Samboja mindeng ngagelar pintonan sangkan paraa bajo daratang. Hiji mangsa waktu Siti Samboja jeung jawara pinilih keur pagelaran, Kala Samudra jeung balad-baladna datang milu lalajo.

Para jawara nu diharudum sarung jeung Siti Samboja bari ngigel ngadeukeutan Kala Samudra. Teu diengkekeun deui Kala Samudra ditelasan.

Baca Juga: Ida Widawati, Sataun saméméh Manggung Ngaranna geus Dibéwarakeun

Anak buah Kala Samudra loba kabur ka kapal, tapi bisa kaudag. Anu bisa salamet naek kana kapal mah saeutik.

Ti harita cenah kasenian ronggengna nu saterusna dingaranan Ronggeng Gunung pedah holna ti pagunungan mekar sarta jadi kasenian tradisional nu unik jeung matak mincut.

Lalaguan anu sok digalindengkeun ku sinden ronggéng Gunung Gunung: Kudup Turi, Sisigaran Golewang, Raja Pulang, Kawungan, Parut, jeung Srondo.***

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler