Mungguhing Hirup

- 16 Juni 2024, 08:56 WIB
Ilustrasi carpon Mungguhing Hirup
Ilustrasi carpon Mungguhing Hirup /Budi R/galura.co.id

“Henteu,” walon Sunarti imut maur. Puguh wé kagét, petugas nu ngabagikeun béas téh apanan babaturan kuliah Sunarti nu digawé di Dinas Sosial. Manéhna apaleun pisan ka Sunarti, anak jelema jegud. Basa keur kuliah ogé Sunarti mah sok maké mobil, nyupiran sorangan.

“Narti?” deui-deui petugas neuteup Sunarti, anteb.

“Buru Undang, itu batur karunya di tukang,” Sunarti ngarebut karung béas tina cekelan petugas. Béas geus kacekel mah Sunarti indit rurusuhan, ngungkug leumpang ninggalkeun buruan kacamatan, dituturkeun teuteupan Undang nu bangun hookeun.

Sabot leumpang Sunarti bacéo jero haténa, rus-ras keur jaman masih kuliah. Tina sorot panonna Undang siga nu naksir, tapi Sunarti haré-haré. Kahiji teu bogoh, kaduana asa horéam boga salaki ka urang lembur nu tangtu béda kabiasaan.  Ahirna milih Aldi, sarua babaturan kuliah, tapi lahir jeung digedékeun di kota. Hanjakal Aldi mah mun gawé tara cééhan, héjo tihang. Mun di tempat gawéna aya masalah, tara mikir panjang, sok tuluy kaluar. Tungtungna leuwih lila nganggur batan gawé.

Likuran taun Sunarti jeung kulawargana nyicingan imah kolotna. Teu nyangka lanceuk-lanceukna bakal téga ngusir alatan béda milih presiden. Kabeneran presiden nu jadi téh pilihan kulawarga Sunarti.  

Nepi ka imah Sunarti langsung ka dapur, sok béas ditunda. Koloyong balik deui ka patengahan, itung-itung ngareureuhkeun kacapé, manéhna diuk hareupeun TV, cetrék disetél, pareng keur acara berita ngeunaan anugerah pangkat istimewa ti presiden pikeun salah saurang mentri. Enya, apan mentri éta téh nu sapuluh taun katukang caprés pilihan dulur-dulurna.

“Mun seug Kang Sarjan jeung Ceu Rosita masih aya dikieuna, duka rék nyarita naon ngabandungan kaayaan pulitik kiwari. Éta dua jalma nu sapuluh taun kalarung saingan marebutkeun korsi kapersidenan, sedengkeun ayeuna….?” Sunarti seuri konéng.*** (DImuat dina Galura II Maret 2024)

                                                                             Cibiru, awal Maret 2024

 

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Mungguhing Hirup

16 Juni 2024, 08:56 WIB

Hadiah Tepung Taun keur Teteh

31 Mei 2024, 05:57 WIB

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah