“Aya naon bangun mendak kabungah?” Aldi, salakina nanya basa asup ka kamar nangenan pamajikanana sura-seuri.
“Énjing badé aya pasar murah. Kaleresan, pabéasan urang tos ampir kosong,” walonna angger seuri.
“Béntenna sabaraha sareng di warung?”
“Lumayan, pangaos béas di warung mah nu saé téh dugi ka dalapan las rébu. Nu pangmirahna genep las rébu.”
“Ari di pasar murah sabaraha?”
“Pokona mah sakarung eusina lima kilo, pangaosna lima puluh tilu rébu. Lumayan béntenna tebih, pan? Saratna ukur kedah ningalikeun KTP, hiji KTP tiasa kanggo dua karung. Janten jatahna saurang sapuluh kilo.”
“Muhun geuning, lumayan,” walon Aldi bari cucul-cucul pakéan.
“Upami Papah ngiring antri mah, tiasa kenging dua puluh kilo.”
“Ih, Papah mah énjing téh can bérés padamelan.”
“Muhun, wios atuh. Kénging sapuluh kilo gé lumayan.”