Mungguhing Hirup

- 16 Juni 2024, 08:56 WIB
Ilustrasi carpon Mungguhing Hirup
Ilustrasi carpon Mungguhing Hirup /Budi R/galura.co.id

Carpon: Tetti Hodijah

SUNARTI ngoréjat hudang, basa keur gogoléran maca béwara dina grup érté, majar isukan bakal aya pasar murah, tempatna di buruan kantor kacamatan, bari aya béréndélan hargana. Baruk, aya béas murah? Enya, apanan harga béas téh keur di luhur langit, saban poé nérékél. Kituna téh ti saprak deukeut kana waktuna Pemilu.  

“Leuh, pemilu,” pokna ngarahuh. Ingetanana kumalayang, malikan lalakon sapuluh taun katukang. Harita téh keur usum kampanye pilprés, teu karuhan Guswara, anakna nu cikal nyetatus dina fb muji-muji salah saurang calon presidén. Teu ngendek sabaraha lila ti harita, Sunarti kadatangan dulur-dulurna. 

“Narti geus lila teuing nyicingan imah ieu,” cék Sarjan, lanceukna nu cikal.

“Maksad Akang?” Sunarti kerung.

“Narti geus waktuna indit ti dieu,” nu ngajawab Rosita, lanceukna nu kadua.

“Aya naon ieu téh, teu gugur teu angin?” Sunarti rampang-reumpeung.

“Nu jelas, urang béda pilihan. Kabéh putra-putu Abah jeung Ema sapamadegan, iwal ti kulawarga Narti. Naha teu maca status Si Guswara dina fb kamari?” Rosita malik nanya.

Sunarti ukur wasa silih pelong jeung Aldi, salakina. Lain teu rumasa maranéhna gé, yén geus lila pisan nyicingan imah kolotna, imah warisan, nu sakuduna dijual, ladangna dibagikeun ka para putrana.  Tapi apanan putra Abah téh kabéh gé baleunghar, baroga imah baroga mobil. Hirupna lubak-libuk. Ngan Sunarti nu can kuat meuli imah.

Geus leuwih sapuluh taun Sunarti jeung kulawargana pundah-pindah kontrakan. Barudak nu tilu, nu harita masih kénéh karuliah ayeuna geus baroga gawé. Malah Guswara mah geus rarabi. Ngurangan ari biayaaneun téa mah, ngan angger wé can kuat meuli imah. Lain teu hayangeun nabung tina pangasilan salakina, tapi hasil gawé nu ukur koréh-koréh cok, bet pimanaeun bisa nabung. Komo dina kaayaan sagala werit kawas ayeuna.

Sakali deui Sunarti maca béwara ngeunaan pasar murah di buruan kantor kacamatan dibaca. Belenyéh seuri.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Mungguhing Hirup

16 Juni 2024, 08:56 WIB

Hadiah Tepung Taun keur Teteh

31 Mei 2024, 05:57 WIB

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah