Mungguhing Hirup

- 16 Juni 2024, 08:56 WIB
Ilustrasi carpon Mungguhing Hirup
Ilustrasi carpon Mungguhing Hirup /Budi R/galura.co.id

“Enya, kasebutna nagara agraris, kakurangan béas. Ironis!” Lalaki ngora nyelengkeung rada tarik.

“Cék saha Indonesia nagara agraris, ti jaman orde baru gé geus disulap jadi nagara industri,” cék lalaki kolot.

“Sahenteuna atuh, apan alam sakieu suburna, atuh lahan keur tatanén sakitu upluk-aplakna. Cék paribasa téa mah nancebkeun iteuk gé jadi,” lalaki ngora embung éléh.

“Naha teu apal kitu, ratusan héktar sawah jeung leuweung disulap jadi perumahan?” Ayeuna mah lalaki kolot nyaritana rada muncereng.

“Kitu sotéh di kota, di pilemburan mah sawah masih kénéh upluk-aplak, leuweung pihumaeun masih kénéh réa. Jaman orba mah teu kieu-keu teuing,” lalaki ngora malik molotot.

“Kawas nu apal jaman Orba,” lalaki kolot jebi. “Barina gé jaman Orba mah pangeusi nagara karék saeutik, ayeuna mah nambahanna gé sabaraha tikeleun.”

“Nu pasti mah halodo kamari lila pisan. Réa patani nu teu bisa makaya. Sakalina makaya, kagaringan, gagal panén,” cek awéwé kolot.

“Tah, éta,” lalaki kolot ngacungkeun jempol bari nyéréngéh. Lalaki ngora ukur wasa kekerot, napsu kapegung.

“Gandéng, sakieu carangkeul bari kapanasan, ramé baé,” Sunarti ngagebés, leungeun kéncana dipaké nutupan beungeutna nu kapanasan.

“Puguhan nu anéh mah Ibu-ibu. Ari harga béas naék ngagarapak, ari harga skin care mahal jarempling,” lalaki kolot malik, melong ka Sunarti.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Mungguhing Hirup

16 Juni 2024, 08:56 WIB

Hadiah Tepung Taun keur Teteh

31 Mei 2024, 05:57 WIB

Hiji Peuting di Bulan Ramadan

13 April 2024, 12:10 WIB

Minantu

20 Februari 2024, 12:51 WIB

Sempalan Ahir Désémber

5 Februari 2024, 15:22 WIB

Terpopuler

Kabar Daerah