Kabayan Ngalanglang Jaman (21): Lalakon Oidipus si Suku Bareuh

- 27 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

OIDIPUS inget kana caritaan indungna.

Bapana, Raja Laius, cenah kungsi maréntahkeun tukang angonna nu satia pikeun miceun atawa ngabuang manéhna ka ponclot Gunung Kiteron. Enya, baheula, basa manéhna keur orok beureum kénéh, keur umurna can jangkep tilu poé.

Ari pangna kudu ngalaman dibuang, lantaran bapana percaya kana ramalan Orakel, yén hiji waktu, mun manéhna geus sawawa, manéhna bakal maténi bapana sorangan.

Ku kituna, saméméh éta orok beureum mangkat sawawa, ti ayeuna kénéh kudu dipisahkeun ti kolotna, kudu dibuang ka ponclot gunung.

"Sukur-sukur paéh dihakan sato leuweung!" ceuk bapana, Raja Laius, ka tukang angonna téa.

Hariwang bisi si orok beureum téh kokorondangan sarta katimu ku batur, Raja Laius maréntahkeun ogé sangkan si orok téh ditalian sarta sukuna anu dua dipaseuk ku beusi, atuh awakna gé kudu dicangcang kana tangkal.

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

"Omat, laksanakeun ieu paréntah kula!" ceuk Raja Laius ka tukang angonna téa.

"Tapi, Gusti..."

"Montong tapi, geuwat laksanakeun!"

Bari popoyongkodan, éta tukang angon téh geuwat amitan. Tapi sabot ngaléngkah téh, ti taman istana kadéngé aya nu keur nginghak.

"Deudeuh teuing, Prameswari Ratu Iokasta," gerentesna, bari tuluyna nyingkah ti dinya, teu miroséa ka nu keur nginghak ngabudalkeun rasa tunggara pédah anak nu salila ieu dianti-anti kalahiranana, dipuja didama-dama, kudu pisah ti manéhna.

Haté indung mana nu teu peurih nempo anakna rék dibuang, dipisahkeun ti manéhna?

Haté indung mana nu werat anakna bakal maot dirajang ku sato gangas di leuweung luwang-liwung?

Éta tukang angon téh haténa mungguh ngarakacak.

Tapi haténa ngadadak bungangang demi katénjo ku manéhna réntang-réntang aya baturna, keur ngangon sato piaraan Raja Polibus ti Korintus.

Geuwat baé baturna téh ku manéhna disampeurkeun.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (20) : Takdir nu Sarua, Takdir nu Teu Bisa Dipungkir

Geus deukeut, kakara wé manéhna ngadongéngkeun lalakon dirina kudu miceun orok beureum anu teu tuah teu dosa.

"Tong hariwang," ceuk tukang angon baturna, "sérénkeun baé éta orok téh ka kami. Ku kami rék dibawa ka Korintus, laju rék dipasrahkeun ka Raja Polibus. Sing percaya, raja kami mah teu kejem kawas raja andika. Kabeneran anjeunna teu kagungan putra, pasti bakal atoheun nampa titipan ieu orok."

"Heug atuh ari kitu mah," ceuk tukang angon Raja Laius, sanggeus ngarasa yakin kana omongan baturna. "Tapi aya saratna."

"Naon? Pok wakcakeun ka kami!"

"Sing saha waé gé ulah aya nu nyahoeun, yén ieu orok téh kami anu mikeunna ka andika. Mun aya nu nanyakeun mah sebutkeun baé meunang manggih, kituh. Atawa ngarang wé kumaha andika, nu penting ulah disebutkeun meunang paméré ti urang Thebes."

"Ngeunaan éta, ulah hariwang. Sing percaya ka kami," ceuk tukang angon Raja Polibus.

Enya baé, Raja Polibus jeung prameswarina, Merope, kacida bungangangna basa nampa éta orok beureum téh.

Ku lantaran maranéhanana téh teu bogaeun anak, nya tuluyna éta orok beureum téh dikukut diaku anak sorangan, sangkan jaga bisa maréntah Korintus.

Baca Juga: Hari Jadi ka 533 Kabupaten Majalengka Gumebyar, Pelayanan Kesehatan Leuwih Dominan, Bareng jeung Porsenitas

Nilik suku orok kacida bareuhna balukar urut dipaseuk ku beusi, Raja Polibus jeung Merope méré ngaran ka éta orok téh Oidipus, hartina "Suku Bareuh".

Ti harita, Oidipus ngalaman hirup senang di karaton Polibus. Teu boga kasusah nanaon, bubuhan Raja Polibus jeung prameswarina ka Oidipus téh geus nganggap anak sorangan.

Atuh Oidipus gé teu nyahoeun yén Raja Polibus katut prameswarina téh saenyana mah ngan saukur bapa jeung indung kukut. Dianggapna mah kolot tegesna wé.

Mangkat rumaja, Oidipus jadi rumaja anu pikatajieun sakumna rahayat Korintus. Rupa hadé, awak sembada, teuneung nyanghareupan rupa-rupa kasieun. Saban aya pertandingan atletik, manéhna teu weléh unggul, iwal ti cabang lari jeung lompat, da kapan sukuna pétot téa. Ngan hanjakal, getih bapana pituin, Raja Laius, ngamalir dina dirina: babari ambek ku hal-hal anu céték tur teu pira.

Contona dina hiji waktu…

Harita téh keur aya pésta di karaton Polibus.

Aya hiji ningrat nu mabok lantaran loba teuing nginum, nyeungseurikeun tur ngalélécé Oidipus, bari teu inget yén Oidipus téh jaga bakal ngawaris tahta Korintus.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

"Sangeunahna siah ngahina anak Polibus! Naha andika teu nyaho, yén kami téh pibakaleun raja di ieu Nagri Korintus?!" ceuk Oidipus mani ngagidir, muncunghul rasa jumawana.

"Huahaha...," Si Ningrat téa kalah tambah nyeungseurikeun Oidipus.

"Montong seuri, siah! Mikir! Mikir, saha ieu kami?! Kami téh kapan anak Raja Polibus, anu moal lila deui baris ngawaris tahta karajaan!"

Dikitukeun ku Oidipus, Si Ningrat téa kalah tambah ngagakgak. Pok nyarita bari ngalélécé naker, nyapirakeun Oidipus, "Hé, montong jumawa kitu! Naha andika teu nyaho, yén Raja Polibus téh lain bapa andika?!" ceuk Si Ningrat téa.

"Naon, siah? Gagabah ngomong téh!" témbal Oidipus mingkin ngagidir, bari jeung tuluyna... jekuk, jekuk baé Si Ningrat téh dipeupeuh puhu ceulina tepi ka kapiuhanana. 

**

ENYA, Oidipus ngarasa teu tarima disebut lain anak Polibus.

Rék te kitu kumaha, ti leuleutik kénéh manéhna ngarasa hirup senang dina apingan jeung atikan Polibus katut Merope. Hirupna kacida diogona, diwowoy diayunkeun. Ceuk cohagna mah hayang naon-hayang naon gé teu weléh ditedunan ku kolotna téh. Kari-kari ayeuna aya nu nyebutkeun yén Polibus téh lain bapa tegesna, atuh tangtu manéhna ngarasa ambek.

Enya, sungut nyebut gagabah kana omongan Si Ningrat téh, ari haté mah mimiti ngarasa mangmang.

Baca Juga: Kakanwil Kemenag Jabar Calon Haji ti Jawa Barat, 38.732 urang, Miang ka Tanah Suci

Ti saprak kajadian ribut téa, omongan Si Ningrat téh teu weléh ngajelengéng baé dina ceulina.

Enya kitu, Merope jeung Polibus téh lain indung-bapa aing?!

Tapi lamun enya maranéhanana téh lain indung-bapa aing, naha atuh bet sakitu ngayunna ka aing, geuning?! Atawa omongan Si Ningrat téh ngan saukur ngahambur-hambur bacot pikeun mapanas haté aing baé?

Pikeun sababaraha poé mah, patalékan-patalékan kawas kitu téh teu weléh jadi pikiran manéhna. Saban poé euweuh deui nu dipikiran téh iwal ti éta.

Ku lantaran haténa tetep ngarasa mangmang, boga rasa kapanasaran anu sakitu manggunung-gunungna, ahirna haténa panceg rék nepungan Polibus jeung Merope, pikeun mastikeun bener-henteuna éta omongan Si Ningrat téa.

Tapi, éta Raja Korintus jeung prameswarina téh teu ieuh betus yén Oidipus téh lain anakna pituin. Maranéhna teu onggét-onggét mertahankeun omongan, yén Oidipus téh enya-enya anakna pituin, anak anu didama-dama salila jero kandungan.*** (Lajengkeuneun) 

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (22): Takdir Geus Kalakonan, Kadar Geus Teu Bisa Disinglar  

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x