Nyurahan Pamaredih Jaman SMK Pasundan 1 Bandung Make Kurikulum Merdeka, Revitalisasi SMK Dijalankeun

14 Februari 2023, 18:30 WIB
Siswa SMK Pasundan 1 Bandung keur daria merhatikeun pangajaran Tefa ti salasaurang guruna. Di sagigireun make Kurikulum Merdeka, SMK Pasundan 1 Bandung dina revitalisasi SMK ngembangkeun pangajaran keur nyurahan pamaredih jaman. /

GALURA -Wakasek Kurikulum SMK Pasundan 1 Bandung, Istafiani Ambarwati, S.Ag., nyebutkeun revitalisasi SMK kudu dilakonan sagemblengna, patali geus digunakeunna Kurikulum Merdeka.

Pangna kudu aya revitalisasi SMK, kaasup SMK Pasundan 1 Bandung, lantaran dina Kurikulum Merdeka, ceuk Istafiani, satuan pendidikan dibere kabebasan dina ngarancang proses katut materi pembelajaran nu relevan jeung konstektual nu luyu jeung dinamika zaman.

Di SMK Pasundan 1 Bandung oge revitalisasi SMK teh geus dilaksanakeun. “Siswa kelas X nganggo Kurikulum Merdeka. Kelas XI sareng kelas XII mah masih nganggo kurikulum 2013,” ceuk Istafiani.

Baca Juga: Pangajaran di MTs Cisasawi Bandung Barat Dibarung Palaksanaan Dakwah tur Syiar Islamiyah

Patali jeung akreditasi, ngajawab pananya Galura, Istafiani nyebutkeun SMK Pasundan 1 Bandung satujueun pisan mun akreditasi jeung sertifikasi salawasna kudu dironjatkeun lantaran eta nu diperedih ku Kurikulum Merdeka.

“Sertifikasi kudu neueul kana Standar Kompetensi Kerja Nasional Indonesia nu direkognisi ku industri, kaasup ngaadopsi standar sertifikasi nu geus aya. Tujuan Kurikum Merdeka oge ka dinya,” pokna.

Nyurahan dinamika zaman, luyu jeung pamaredih Kurikulum Merdeka, ceuk Istafiani, SMK Pasundan 1 Bandung nyadiakeun guru produktif. Guru produktif nu geus milu training of trainer (ToT) keur guru adaptif jeung normatif nu disulap jadi guru produktif.

Guru produktif di SMK Pasundan 1 Bandung, aya oge nu kasangtukangna ti lingkungan industri. Eta teh kawijakan penyetaraan. “Kawijakan ngalibatkeun pihak industri kawilang perlu keur ngarojong revitalisasi kurikulum SMK,” pokna.

Baca Juga: LDKS SMPN 1 Waled Dibekelan Materi Kadisiplinan ti Kodim 0620 Kabupaten Cirebon

Keur ngaronjatkeun skill, ceuk Wakasek urusan Hubungan Masarakat, Ade Suwinda, S.Pd., parasiswa mayeng dina waktu nu geus ditangtukeun magang di sawatara pausahaan industri.

Udaganna keur neuleuman etos gawe jeung dunya gawe sacara langsung. “Biasana, saban sasih Februari dugi ka sasih Maret, siswa dijurung PKL (Praktek Kerja Lapngan), taun 2023 ayeuna PKL di 60 pausahaan,” pokna.

Lian ti PKL, ceuk Ade Suwinda, pihak sakola gawe bareng jeung sajumlah pausahaan, baris ngayakeun rekrutmen tanaga gawe nu lokasi uji kamampuhanna di SMK Pasundan 1 Bandung.

“Tos patotos, insya Alloh, sasih Mei nu baris dongkap, personalia ti sawatara pausahaan baris sumping ka sakola, ngayakeun tes nu hasilna siswa kelas XII diangkat janten karyawanna,” pokna.

Baca Juga: Simulasi Nyanghareupan Bencana Alam keur Budak Sakola Digelar di Garut

Kamekaran pembelajaran nu orientasina kana kamajuan kompetensi siswa di era revolusi industri 4.0, jadi salah sahiji program gawe ti Kepala SMK Pasundan I Bandung, Fikri Rahadian, S.Pd., MM.

Dina sela-sela acara milangkala ka-55 SMK Pasundan I Kota Bandung, Salasa (14/02/2023) Fikri netelakeun ka Galura, kamekaran potensi siswa didikna diancokeun kana ngawangun minat wirausaha.

Kepala SMK Pasundan I Bandung, Fikri Rahadian, S.Pd., MM.

“Ngawangun minat wirausaha, katiten strategis keur nyiptakeun generasi nu produktif, mandiri katut mibanda karakter,” pokna.

Lian ti digawe di saniskara pausahaan industri atawa nuluykeun kulian ka sawatara paguron luhur, harepan Fikri, sakumna alumni didorong jadi wirausaha kreatif.

Baca Juga: Hayang Jadi Santri Ponpes Roudlotul Ulum Daftarna ti 8 tepi ka 20 Februari 2023

“Salahsahiji alternatif nu hade, ngajurung barudak jadi wirausaha, pangpangna barudak nu mibanda imanjinasi nu adiluhung, mibanda impian hirup nu cerdas, nya disiapkeun jadi wirausaha,” pokna.

Patali jeung programna, Fikri nu gumelar di Garut Pakidulan teh, ngahirup-huripkeun Teaching Factory atawa Tefa, ngalahirkeun home industri di lingkungan sakola.

“Ngatik barudak widang wirausaha bari jeung ngahasilkeun profitna,” pokna. Dina seuh-seuhanna, program Tefa, hasil karya jeung kreatifitas siswa teh dijual ngaliwatan program e-commerce, dibina jeung diarahkeun ku Bukalapak, Lazada jeung Shopie Online.

Ketua YPDM Pasundan, Dr.H. Dadang Mulyana, M.Si., ngarasa reueus ku kapamingpinan Fikri, nu teu weleh nyiptakeun rukun gawe babarengan, transparan jeung sakumna guru katut karyawan.

Baca Juga: SMK Mekarmukti Cijayana Garut Boga Toko Dingaranan SMK Mart, Ieu Harepan Wakil Bupati Helmi Budiman

“Ieu kudu jadi conto keur SMK sejenna di lingkungan YPDM Pasundan, nataharkeun kajujuran jeung kapercayaan, hasilna, saban taun ngaleut nu hayang sakola di SMK Pasundan I Bandung nu nembongkeun atikan kualitasna nyugemakeun,” pokna.

Matakna, teu aneh, mun kiwari jumlah siswa SMK Pasundan 1 Bandung ceuk Wakasek Kesiswaan, Dadan Suwardan, S.Pd, kacatet 1105 siswa. Siswa nu anyarna aya 431 siswa.

Keur taun 2023, ceuk Dadan, PPDB baris diancokeun 12 kelaseun. “Ngeunteung pangalaman taun ajaran 2022/2023, diancokeun 10 kelas, ari pek nu daftar jumlahna 11 kelaseun,” pokna.*** Cecep Ks.

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler