Wanayasa dina Sejarah Lisan Dibaladahan ku Suriadikara

- 21 Februari 2024, 06:00 WIB
SITU Wanayasa. di Wanayasa Kabupaten Purwakarta. Wanayasa dibabakan ku rundayan Geusan Ulun.*/DOK. INSTAGRAM
SITU Wanayasa. di Wanayasa Kabupaten Purwakarta. Wanayasa dibabakan ku rundayan Geusan Ulun.*/DOK. INSTAGRAM /

 

GALURA.CO.ID -Ceuk ujaring carita, sabada karajaan Pajajaran runtag taun 1579 M, anu neruskeunana teh Sumedanglarang nu dirajaan ku Geusan Ulun. Malah mah Geusan Ulun diwaris Makuta Binokash Sanghyang Pake. Wilayah Sumedanglarang  jadi ngalegaan, katambah ku wilayah Pajajaran nu masih keneh nyesa.

Hanjakalan Karajaan Sumedanglarang henteu lila umurna. Karajaan Sumedanglarang saterusna serah bongkokan ka Mataram. Sumedanglarang jadi kaadipatian atawa kabupaten. Harita Bupati Sumedang ku Mataram dijadikeun lululuguna kabupaten di Priangan nu ngabawah sababaraha kabupaten.

Dumasar salasahiji kaol dina sejarah lisan waktu Kusumahdinata diangkat jadi bupati Sumedang, loba nu teu satujueun. Ari kuduna mah cenah Suriadiwangsa nu jadi bupati Sumedanglarang teh. Sarua seuweu Geusan Ulun ngan beda indung. Cenah, ku sabab kitu, Suriadiawangsa indit ninggalkeun Sumedanglarang

Baca Juga: Tugu PWI di Kuningan, Miboga Ciri Ajén Anu Mandiri

Suriadiwangsa miang ti Sumedanglarang dibarengan ku somahan nu lobana 80 kuren (umpi, kepala keluarga). Suriadiwangsa jeung somahanana leumpang ngulon. Tepi ka wewengkon Surian, somahan anu 17 kuren ditinggalkeun di dinya. Ti dinya mah neruskeun deui lalampahanana sarta anjog ka Sanca nu ayeuna Cisalak.

Suriadiawangsa nitah 10 kuren cicing di Sanca. Geus merenahkeun somahanana nu 10 kuren, laju Suriadiwangsa neruskeun lalampahanana, ayeuna mah ngulon cepet. Di Kali Cocok Bubu, somah nu dititih dumukna lobana 30 kuren. Ti Kali Cocok Bubu leumpang ngulon ngaler sarta anjog ka  Kali Citarum.

Caturkeun di Sumedanglarang, barang ngadenge Suriadiwangsa lunta, adina, Suriadikara nyusul, dibarengan ku Raksanagara. Singket carita, Suriadiwangsa kasusul di Tanjungan Citarum nu ayeuna katelah Tanjungpura. Suriadiwangsa diajak bali ka Sumedanglarang ngan embungeun.

Cenah moal balik deui ka Sumedanglarang, rek terus ka Banten. Ngadenge kitu, Suriadikara oge nyebutkeun moal balik deui ka Sumedanglarang. Ku Suriadiwangsa, Raksanagara dititah ngababakan di Tanjungan Citarum dibaturan ku somahan 10 kuren. Ari Suriadikara dititah ka Kali Cocok Bubu, ngalulguan somahan 30 kuren.

Baca Juga: Dina Carita Rayat, Karajaan Talaga teu Kungsi Taluk ka Cirebon

Somahan sesana, 30 kurén ku Suriadiawangsa dibawa ka Banten. Raksanagara  teu lila ngababakan di Tanjungan Citarum, laju pindah ka kiduleun Tanjungan Citarum,  sarta tempatna disebut Kasumedangan. Haruta teh kira-kira taun 1604 M. Raksnegara satuluyna disebut Dalem Raksanagara.

Suriadikara ngababakan di Kali Cocok Bubu, dibarengan ku somahan 30 kuren tea, eta patempatan saterusna dingaranan  Babakan. Ti Babakan pindah ka kuloneun Cikali Ageung. Cenah mah pindahna teh dina tanggal 7 Mulud taun 1107 Hijriyah, jam 9 isuk-isuk. Tempatna satuluyna dingaranan Wanayasa.

Wanayasa tina kecap wana jeung yasa. Wana hartina leuweung, ari yasa hartina pagawean atawa hasil nyieun. Jadi Wanayasa hartina leuweung nu dijieun lembur. Sanggeus rengse ngababakan di Wanayasa, Suriadikara miang ka Mataram, inyana teh hayang diistrenan ku Sultan Mataram nu harita dicangking ku Amangkurat I.

Prabu Amangkurat I miang ka Wanayasa keur ngistrenan Suriadikara. Sabada diistrenan dijulukan Suriadikara I. Sabada ngistrenan Suriadikara, Amangkurat I balik deui ka Mataram. Di satenghing jalan, di wewengkon Tegal (Jawa Tengah), Prabu Amungkurat katarajang gering sarta dimakamkeun di dinya.

Baca Juga: Gunung Cakrabuana Malangbong Kabupaten Garut Tempat Para Jawara Guru Walangsungsang

Para dalem anu ngeuyeuk Wanayasa: Suriadikara I, Dalem Panengah, Rajadinata, Suriadikara II, Suriadikara III, Suriadikara IV (Dalem Sumeren). Cenah mah ti Dalem Suriadikara tepi ka dalem Sumeren dalem Wanayasa anu mandiri, anu henteu asup ka wilayah sejen. Wanayasa mandiri tepi ka taun  1820 M.

Sanggeus Dalem Sumeren, Wanayasa jadi puseur dayeuh Kabupaten Karawang ti taun 1821 tepi ka taun 1830. Anu kungsi jadi bupatina di antarana: Surianata anu dijulukan Dalem Santri (1821-1827; Suriawinata (Dalem Solawat), ti taun 1827 tepi ka taun 1830 M. Ti taun 1830 puseurdayeuh Karawang ti Wanasaya pindah ka Sindangkasih anu saterusna disebut Purwakarta.*** Anto

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x