Dina Carita Rayat, Karajaan Talaga teu Kungsi Taluk ka Cirebon

- 8 Februari 2024, 06:15 WIB
Patilasan Prabu Siliwangi di Rajagaluh Majalengka.  Karajaan Talaga teu kungsi taluk ka Cirebon.
Patilasan Prabu Siliwangi di Rajagaluh Majalengka. Karajaan Talaga teu kungsi taluk ka Cirebon. /Nanang /galura.co.id

Karajaan Hindu Budha Pamungkas

Dina catetan sajarah, Karajaan Talaga téh karajaan Hindu Budha panungtung di wilayah Cirebon. Caremna Talaga sanggeus Sunan Gunung Djati nyebarkeun agama Islam ka wewengkon karajaan-karajaan nu tadina bawahan Karajaan Sunda nu puseur dayeuhna di Pakuan-Pajajaran, Kota Bogor ayeuna.

Raja Talaga nu pangahirna:  Prabu Talagamanggung atawa disebut ogé Radén Panglurah. Di lelewek Kacamatan Talaga ayeuna kungsi kapanggih arca tina perunggu nu diduga arca Radén Panglurah.

Éta arca téh kiwari diteundeun di Museum Nasional, di Jakarta. Ngan tacan aya panungtikan nu gemet naha éta arca téh bener arca Radén Panglurah.

Prabu Talagamanggung, najan pasukan ti Cirebon beuki ngangsreg, sarta prajurit-prajurit pinilihna loba nu kasoran di médan laga, keukeuh narah ageman, narah pindah agama.

Pikeun nyinglar beuki loba korban ti rahayatna, Prabu Talagamanggung ahirna milih ngahiang, milih tilem, atawa ceuk ajaran Hindu Budha mah moksa.

Tempat ngahiangna téh di situ nu kiwari katelah ku sebutan Situ Sangiang, salahsahiji objék wisata alam di Kabupatén Majalengka nu kaliwatan ku jalan Cikijing – Maja.

Tepi ka ayeuna, Situ Sangiang téh dianggap sanget, anu arulin ka dinya kudu ngéstokeun sababaraha pantrangan sarta mun dibaékeun bakal kajadian nu teu diharepkeun.

Di Kacamatan Talaga, lian ti arca perunggu nu diduga arca Prabu Talagamanggung, kapanggih ogé tujuh arca perunggu séjénna: Arca singa leutik, dua pancuran candi, dua sesemplekan arca gajah, dua gamparan (sendal),  pakarang tina beusi, goong, jeung lila. Di antara tujuh arca perunggu, tilu di antarana arca Budha.

Anu lianna arca Wisnu hiji, Awalokitéswara jeung patung-patung Budha nu sirahna opat jeung leungeunna genep. Patung Budha diteundeun di Museum Nasional Jakarta.

Titinggal nu mangrupa naskah kuna ogé kapanggih, naskahna ditulis dina daun lontar. Ayeuna diteundeun di Perpustakaan Nasional Jakarta.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x