Patilasan Hariang Banga jeung Prabu Amukrasa tepi ka ayeuna mindeng loba nu ngajarugjug. Nyepén jeung mandi di sumur Cileuweung. Anu rék mandi teu meunang maké pakéan nu aya kancingan.
Mun awéwé maké samping nengah dada, ari lalakina mah disarung. Baju, calana, iket, kopéah méméhna dilaan sarta dititipkeun ka Abah Kuncén.
Waktu ditanya ku naon nu rék mandi di Sumur Cileuweung teu meunang maké pakéan nu aya kancingan Abah Kuncén ukur seuri. “Ah, tos kitu waé kedahna, upami dirempak téh bilih aya nanaon, bilih kumaha onam,” pokna.
Anu daratang ka sumur Cileuweung téh lolobana mah ngadon sarolat jeung ngadua’a. Mun méméh lohor, sok solat duha, aya nu diteruskeun ku solat Hajat atawa solat Istiharah, dituluykeun ku ngadu’a, munajat ka Mantenna supaya pamaksudnana tinekanan. “Da ari neneda mah tetep ka Gusti Alloh,” ceuk salahsaurang nu tas jaroh.
Bisa jadi pangna nu loba nu ngadon sarolat, solat wajib jeung solat sunat diteruskeun ngadua’a di dinya alatan tempatna iuh, linduh, tiis, matak ningtrimkeun, matak husu solat jeung munajat ka Gusti Alloh. Solat moal tepi ka ébat, pédah loba gangguan upamana. Kitu deui ngadu’a bisa leuwih manteng ka Mantenna.
“Najan tacan kacatet dina sajarah jeung tacan kaungkab mungguh élmu sajarah Nunuk téh beunang disebutkeun karajaan bawahan Talaga pamungkas di sa-Pajajaran nu ngagem agama Budha. Saterusna mah apan urang Sunda téh ngagem agama Islam, kaasup urang Nunuk,” ceuk Yudi Firmansyah S.H, nonoman pituin urang dinya.
Kilang kitu, ari adat tatali karuhun mah teu diditinggalkeun. Upamana, anu boga hajat, sok masang saweuy jeung kasanjinem dina caringin nu pernahna tengaheun alun-alun Désa Nunuk.
Tradisi ninun ku baréra, nyieun lawon tina kapuk atawa tina kapas, masih kénéh katingal dipigawé ku urang dinya, najan kaén ayeuna mah geus ngaleuya di mana-mana.
Bedol Desa
Jaman Walanda, taun 1938 lantaran dianggap bakal ngaganggu kana sistem konservasi lahan, sarta Nunuk téh pernahna di jalur sésar nu sawaktu-waktu bisa urug atawa Ci Suluheun caah, urang Nunuk ku Belanda dibedol désa, dipindahkeun ka Leuweung Koda nu engkéna jadi Désa Kodasari. Dua puluh taun ti harita, dipindahkeun deui ka Majasari.
Nunuk kiwari dieusian deui, pikeun neruskeun kahirupan nu dipitembeyan ku luluhurna. Tepi ka danget urang Nunuk percayaeun di wewengkonna kungsi ngadeg karajaan Siger Hanjuang sarta sinatriana mampuh ngalawan pasukan Cirebon sarta pasukan Cirebon teu kungsi nalukeun Talaga alatan béak tanaga.