Adipati Panaekan nu Deukeut jeung Dipati Ukur Ngarojong Mataram Nyerang Kumpeni di Batavia

- 20 Maret 2023, 16:07 WIB
Makam Adipati Panaekan di Karangkamulyan Ciamis. Adipati Panaekan deukeut jeung Dipati Ukur, ngarojong pisan waktu Mataram ngarancang ngagempur Kumpeni di Batavia.
Makam Adipati Panaekan di Karangkamulyan Ciamis. Adipati Panaekan deukeut jeung Dipati Ukur, ngarojong pisan waktu Mataram ngarancang ngagempur Kumpeni di Batavia. /Nanang S/Galura

Ngahargaan ka adi bojona, Adipati Panaekan nyampeurkeun ka Singaperbangsa I, laju ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Ngan Singaperbangsa I kalah ka nyabut keris sarta sakilat ditubleskeun kana hulu angen Adipati Panaekan.

Saharita, Adipati Panaekan ngagubrag, palastra dina leungeun Singaperbangsa I.

Singaperbangsa I nyered layon Adipati Panaekan ka sisi Citanduy. Laju layon Adipati Panaekan dialungkeun ka Citanduy. Geus kitu mah balik ka Kertabumi bebeja ka Ni Raden Natabumi.

Puguh wae Ni Raden Natabumi reuwaseun asa ngadenge gelap di tengah ereng-erengan barang ngadenge adina nelasan salaki Adipati Panaekan.

Baca Juga: Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda Ngadeg Sabada Karajaan Tarumanagara Runtag

Pangiring Adipati Panaekan ngayekyek, teu bisa ngalawan lantaran moal kauntup nyanghareupan prajurit nu ngawal Singaperbangsa. Gagancangan balik ka Panaekan, kudana teu sirikna ditotog-totogkeun.

Sanggeus tepi bebeja ka Patih Panaekan. Bareng jeung prajurit Panaekan, Patih Panaekan gancang ka Ciharalang.

Patih jeung para prajurit Panaekan mapay-mapay Citanduy ka hilir neangan layon Adipati Panaekan.

Sanggeus sababaraha poe kapanggihm nyangsang dina akar tatangkalan di Patimuan, tempat ngamuarana Cimuntur ka Citanduy di Bojong Galuh Karangkamulyan.

Layon Adipati Panaekan geus ruksak. Moal mungkin bisa dibawa ka Panaekan, mun dipaksa dibawa oge matak ngawaluratkeun. Layon Adipati Panaekan dikurebkeun teu jauh ti Patimuan Bojong Galuh.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x