Kalungguhan Kawali jadi Puseur Karajaan Dikuatkeun ku Prasasti, Ngandung Ajen Mandiri keur Kabupaten Ciamis

- 13 Maret 2023, 13:00 WIB
Dinas Kebudayaan Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) Kabupaten Ciamis ngawanohkeun lambang Cakra nu cenah rek dipake lambang Kabupaten Galuh. Lambang Cakra ayana di prasasti Kawali VI. Kawali salila 149 taun jadi puseur dayeuh karajaan.
Dinas Kebudayaan Pemuda dan Olahraga (Disbudpora) Kabupaten Ciamis ngawanohkeun lambang Cakra nu cenah rek dipake lambang Kabupaten Galuh. Lambang Cakra ayana di prasasti Kawali VI. Kawali salila 149 taun jadi puseur dayeuh karajaan. /Nanang S/Galura

Citragangga tilar sarta dipusarakeun di Tanjung. Anu ngagantina seuweu cikalna, Lingga Dewata. Teu jentre di mana puseur dayeuh karajaaanana bisa jadi di Kawali.

Baca Juga: Citarum Tempatna Nguniangna Peradaban Sunda jeung Ngadegna Karajaan Tarumanagara

Ngan anu jelas, waktu karajaan dicangking ku Prabu Ajiguna Wisesa (1333-1340), minantu Citragangga, puseur karajaanana di Kawali, lain di Pakuan atawa di Saunggalah.

Kitu sababma ti taun 1333 tepi ka taun 1482, puseur dayeuh karajaan Sunda di Kawali. Kalungguhan Kawali ditulis dina prasasti nu tempatna ayeuna dipiwanoh ku sebutan Situs Astana Gede.

Ngaran Kawali diabadikeun dina prasasti titinggal Prabu Niskala Wastukancana.
Dina Prasasti Kawali I ditulis "mangadeg di kuta Kawali" (nu nyekel pamarentahan di Kawali) sarta karatonna dingaranan Surawisesa.

Karaton Surawisesa teh "dalem sipawindu hurip" (karaton nu matak nengtremkeun hirup). Ngandung harti Kawali teh dijadikeun puseur karajaan, karajaan hasil univikasi Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh.***

 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x