Gedong Sate cenah mah Diadegkeun dina Lahan Urut Karaton, Karatonna Mindeng Kawenehan

- 7 Februari 2023, 13:05 WIB
Gedong Sate. Walanda jeung arsitekna cenah mah nyahoeun lahanna nu dipake ngawangunna tadina urut karaton.*
Gedong Sate. Walanda jeung arsitekna cenah mah nyahoeun lahanna nu dipake ngawangunna tadina urut karaton.* /

GALURA – Teu saeuik anu nyebutkeun, ikon Gedong Sate jadi lambang Kota Bandung teu cocog, sabab ieu gedong, dijieunna ku Walanda, teu luyu jeung palsapah bangsa. Cenah arsitek Gedong Sate urang Eropa, atuh bangunana ogé blég wé arsitektur Eropa.

Bisa bener kitu. Ngan saeutikna, arsitek anu dibéré tugas nyieun Gedong Sate, saeutikna aya rasa hormat kana kabeungharan budaya Nusantara jeung budaya tempat ngadeg karyana.

Geura ilikan sing tenget, di hareup Gedong Sate maké aya gambar relief candi. Padahal mungguhing jalma asing anu keur ngajajah, si arsitek bakal kacida kawasana lamun mupus budaya bangsa pribumi, sagemblengna diganti ku budaya maranéhna.

Baca Juga: Mataram Kungsi Sisirikan ka Banten, Pedah Raja Banten Dileler Gelar Sultan ku Raja Arab

Kira-kirana, naon pangna arsitek Gedong Sate maké mentingkeun nyieun relief candi? Padahal di Tatar Sunda mah taya candi nu dipae model, teu kawas di Jawa Tengah jeung Jawa Timur.

Karajaan Arcamanik
Ceuk sajarah lisan anu dipiboga ku kolot-kolot baheula nu arang dipikanyaho ku balarea, jaman sabada Pajajaran burak, ngadeg Karajaan Arcamanik.

Karajaan Arcamanik perenahna mun ayeuna mah tonggoheun Kacamatan Sindanglaya, Kota Bandung tebéh wétan atawa kalér, teu jauh ti mumunggang Gunung Manglayang.

Raja munggaranana, Suryadiraksa Panangkaran, ngadegkeun kadaton di hiji tempat anu dipaké tempat keur ngadegkeun Gedong Sate.

Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Para kulawadet raja, saban taun sok ngagelar upacara mandi suci di Sumur Bandung, ayeuna éta cai nyusu Sumur Bandung masih kénéh aya di kompleks Kantor PLN, jalan Asia Afrika Bandung.

Minangka pasanggrahan, nya raja ngadegkeun kadaton, katelahna Kadaton Kasundha. Ieu kadaton téh aya anu nyekelna, katelahna Séndrawan Sungsang.

Séndrawan Sungsang masih turunan Sri Baduga Maharaja atawa Prabu Siliwangi, dibaturan ku Radiyaksa Surawisésa, turunan Prabu Surawisésa. Duanana sakocoran.

Tepi ka taun 1854, Séndrawan Sungsang mah masih kénéh kasusud turunanana, katelahna Adytia Walaman Sungsang, ngan kadatonna geus ditinggalkeun sabab manéhna mah geus muslim.

Baca Juga: Bobotoh Persib taun 1960an, Persib Maen Kandang, di Limbangan Endog Hayam dina Sayang Ledis

Bangunan kadaton teu kaurus tepi ka runtuhna pisan, kari ruruntukna katut pondasina. Dina abad ka- 19 gé geus teu kapanggih jungkiringna.

Tina kituna teu kaleuleuwihi lamun disebutkeun Walanda waktu rek ngadegkeun pakantoran pamarentah, milih dina lahan urut karaton Karajaan Arcamanik.

Pamarentah Hindia Walanda ngarencanakeun puseur dayeuhna dipindahkeun ti Batavia (ayeuna Jakarta) ka Bandung.

Patempatan nu dipake bangunan Gedong Sate, strategis, langsung nyanghareup ka Dago. ARi kantor Gubernur Jendral Hindia Walanda bakal diadegkeun di Dago, nyanghareup Gedong Sate.

Jenatna kuncen Bandung, Haryanto Kunto, nyebutkeun Gedong Sate teh saenyana sabagian leutik gedong pakantoran nu bakal diadegkeun ku kolonial Walanda.

Baca Juga: Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Leubeut ku Simbul jeung Siloka

Walanda apaleun
Meener.L. Slors, katut anggota tim perancang di antarana Ir. J. Berger, arsitek lulusan Fakultas Teknik Delft Nederland, Ir. Eh. De Roo jeung In G. Hendriks sarta pihak "Gemeete van Bandoeng" jigana apal kana sajarahna éta lahan tanah nu rek dipake keur ngadegkeun Gedong Sate.

Malah ceuk sakaol, sawaktu nyieun pondasi, kapangih pondasi urut Karaton Aracamanik. Teu jentre dikumahakeun eta pondasina teh.

Ceuk kolot baheula, bisa jadi sajarah Nusantara kaasup sajarah Sunda, loba digunakeun jang kapentingan pulitik. Tapi deuih da teu kurang-kurang cenah bangsa Walanda anu nyaah enyaan kana sajarah Nusantara, kaasup kana sajarah Sunda.

Meener L Slors bisa jadi kaasup bangsa Walanda anu nyaah jeung hormat kana sajarah Sunda. Kitu sababna, pikeun némbongkeun rasa hormatna, dina témbok hareup Gedong Saté dijieun relief jiga candi.

Baca Juga: Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

Lain hiji dua arsitek jeung sejarawan Walanda, milih cicing di tatar Sunda, saperti di Bogor, saking ku cintana kana sajarah Sunda jeung hayang nyukcruk sajarah Sunda nu saestuna.

Tepi ka taun 1991, masih kénéh aya urang Walanda nu leukeun ngukumpul inpormasi ngeunaan sajarah Sunda, sanajan karyana ukur jang kapentingan pribadi, teu diumumkeun jadi karya ilmiah bacaeun umum.

Bisa jadi henteu dibewarakeun ka umum teh alatan hasil panalungtikanana beda jeung galur sajarah Sunda nu geus dipiwanoh ku urang Sunda.

Balik deui kana soal Gedong Sate, Relief candi di hareupeun Gedong Sate, saenyana mah henteu cocog jeung arsitektur Kadaton Kasundha, sabab kadaton nu asli teu jiga arsitektur candi.

Baca Juga: Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna

Ku sawatara urang Sunda mah, hayang apal sajarah Sunda téh bisa dipigawé ku cara kumaha baé, teu tukuh kudu ditalungtik maké koridor akademisi, mukaan catetan resmi.

Kitu deui ngeunaan Gedong Sate, babakuna aya naon dina lahan anu diadegkeun pikeun pakantoran pamarentah pusat Hindia Walanda.

Kungsi aya tukang roko mangsa peuting, neuteup ka palebah Gedong Saté bet robah, jadi kadaton badag. Ceuk tukang roko, cenah anu sok kawénéhan di dinya ngajungkiring kadaton téh lain saurang-duaan.

“Teu wantun diuar-uar da sok sieun dituding nu gélo atawa dituding ngabohon,” ceuk Jujum, nu muka kios roko peuting di éta wewengkon. *** Aan Merdeka Permana

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x