Karajaan Sunda Kagolongkeun Karajaan Agraris tapi Dideudeul ku Maritim nu Kuat

- 5 Februari 2023, 10:30 WIB
Situs Gunung Padang di Kabupaten Cianjur. Karajaan Sunda kagolongkeun karajaan agraris taoi dideudeul maritim nu kuat.
Situs Gunung Padang di Kabupaten Cianjur. Karajaan Sunda kagolongkeun karajaan agraris taoi dideudeul maritim nu kuat. /

GALURA -Karajaan Sunda teh karajaan agraris, ngan dideudeul ku maritim nu kawilang maju. Kapal-kapal Sunda baradag, balayar ka Nusantara jeung ka mancagara.

Ceuk parasajarawan, Karajaan Sunda pangna kaasup karajaan agraris, lantaran boh rajana boh rahayatna ngandelkeun tina komoditas tatanen: huma atawa kebon. Najan kitu Karajaan Sunda teu mopohokeun maritim.

Saenyana hiji karajaan agraris nu ukur gumantung kana tatanen moal lila. Tapi ku sabab bari jeung mentingkeun maritim, Karajaan Sunda tepi ka runtagna mampu nanjeur 9 abad atawa 9 ratus taun leuwih

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Nanang Saptono, arkeolog dina Pertemuan Ilmiah Arkeologi XIV di Hotel Novotel, Bogor, Jawa Barat (24-27 Juli 2017), nyebutkeun pangna Karajaan Sunda bisa tepi ka lumangsung 9 abad leuwih alatan Karajaan Sunda dideudeul maritim.

“Di Karajaan Sunda aya patugas Pangurang Dasa Calagra,” ceuk Nanang Saptono.

Pangurang Dasa Calagra teh patugas nu pacabakanana mulut pajeg di palabuhan nu kabawah ka Karajaan Sunda.

“Aktivitas kamaritiman Karajaan Sunda dina bentuk perdagangan jeung pelayaran lain ukur lokal (insuler) tapi oge perdagangan regional jeung internasional (interinsuler),” ceuk Nanang Saptono dina makalahna.

Pikeun ngadeudeul perdagangan insuler jeung interinsuler Karajaan Sunda mibanda sababaraha kota palabuhan, di basisir kaler jeung di basisir kulon.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Masarakat nu dumuk di kota palabuan ngayakeun hubungan dagang jeung masarakat nu cicing di pagunungan.

Masarakat di basisir oge ngayakeun hubungan dagang jeung masarakat Nusantara jeung mancanagara.

Barang komoditas utama Karajaan Sunda babakuna pedes nu kualitasna panghadena, payu pisan dina perdagangan internasional.

Ti sakabeh wewengkon Karajaan Sunda, produksi pedes sataunna ngahontal 1000 bahar atawa 60 rebu kilo (1 bahar sarua jeung 3 picol, ari 1 picol sarua jeung 60 kilo).

Salian pedes, komoditas penting Karajaan Sunda sejenna: cabe jawa jeung asem. Dina sakali panen mampu nyumponan pangabutuh sarebu kapal dagang.

Karajaan Sunda oge ngahasilkeun sayur-sayuran jeung daging (daging domba, embe, sapi, jeung daging babi), anggur, jambe, cai kembang eros (air mawar), jeung emas.

Karajaan Sunda nyadiakeun calon pagawe, boh lalaki boh awewe. Calon pagawe teh lain ukur ti wilayah Karajaan Sunda tapi oge Kepulauan Maladewa.

Ti Sunda ka Kepulauan Maladewa merelukeun waktu genep tepi ka tujuh poe, make kapal layar badag, nu majuna ngamangpaatkeun angin.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x