Prawatasari mimiti baruntak ngalawan Walanda dina bulan Maret tahun 1703, pos Walanda anu mimiti digempurna teh anu aya di kampung Pamoyanan Cianjur.
Perjuangan Prawatasari meunang simpati rahayat, pasukanna aya kana 3000 urang,
Pos-pos militer Walanda di wewengkon Priangan jeung Imbanagara digempur. Taun 1705 pos militer Belanda di Batavia jeung Bogor diserang, tuluy pos militer Belanda di Sumedang.
Walanda beuki kaweur, sakur kapala daerah anu dianggap mihak Prawatasari disiksa diala pati. Antukna Walanda ngaluarkeun ultimatum ka sakumna bupati di Priangan.
Baca Juga: Karaton Karajaan Sukapura kari Waasna, Titinggalna Diteundeun di Museum Alit Luluhur Sukapura
Bupati Priangan diperedih dina waktu genep bulan kudu bisa nyangkalak Prawatasari, lamun teu hasil dianggap biluk ngabela Prawatasari.
Ngadenge ultimatum kitu, Prawatasari meuntas ka Jawa Tengah, tujuannana hayang nyalametkeun para Bupati Priangan anu biluk ka Walanda.
Aya dua pamanggih gugurna Prawatasari. Ceuk sakaol Prawatasari ditewak ku Walanda dileuweung Bagelen Banyumas, tuluy dibawa ka puseur pamarentahan Kasultanan Mataram di Kertosuro, sarta dihukum pati tanggal 12 Juli 1707.
Ceuk kaol sejen Prawatasari tiwas ditembak di Kampung Aria Desa Bingkeng, Dayeuh Luhur.