Nurutkeun Bah Aka, hiji waktu, pangurus jeung anggota Sarekat Rayat menta idin ka pamarentah pikeun ngagunakeun Bioskop Pasifik pikeun rapat organisasi.
Baca Juga: Buah Gedong Gincu, Dipelak di Jatigede, Sumedang, Ku Bandar Disebut ti Majalengka
Ngan tangtu wae, eta pamenta teh ditolak sapajodogan ku pamarentah atawa nu ngokolakeun bioskop. Harita Sarekat Rayat geus mimiti pada mikaceuceub, angot ku kaki tangan pamarentah mah.
Sarekat Rayat harita hanjelu jeung keuheul ka pangurus Bioskop. Cenah, eta organisasi teh ti harita neundeun kaceuceub ka Pasifik.
Dina hiji waktu, Bioskop Pasitik ngayakeun potongan harga keur anggota Sarekat Hejo nu hayang lalajo bioskop.
Baca Juga: Jaroh ka Situs Karamat Sunan Pada di Karedok Jatigede
Apal aya potongan harga karcis keur anggota Sarekat Hejo, pupuhu Sarekat Rayat meredih hal nu sarua ka pangurus Bioskop. Pikeun anu kadua kali, eta pamenta ditolak deui.
Keur mah ti mimiti geus keuheul, ceuceub jeung ambek ka pamarentah jeung nu ngurus Bioskop, anggota Sarekah Rayat kawas nu manggih jalan hamo meuntas, ku ditolakna kahayangna teh. Maranehna harita balitungan, narajang pangurus jeung nu ngajagaan biskop.
Diraponan ku reaan, nu ngurus jeung ngajagaan bioskop gogorowokan menta tulung nepi ka kadanguna ku warga nu harita aya di sabudeureun bioskop jeung Pasar Sumedang nu perenahna teu jauh ti bioskop.
Baca Juga: Goong Raksasa di Dusun Cigoong Subang, Katelahna 'Gong Kibuyut', Sorana Ngungkung ka Jauhna!