Dina Carita Rayat, Karajaan Talaga teu Kungsi Taluk ka Cirebon

8 Februari 2024, 06:15 WIB
Patilasan Prabu Siliwangi di Rajagaluh Majalengka. Karajaan Talaga teu kungsi taluk ka Cirebon. /Nanang /galura.co.id

 

GALURA,CO.ID -Karajaan Talaga di Majalengka nu sajaman jeung Karajaan Sindangkasih ceuk masarakat mah teu kungsi serah bongkokan ka Cirebon. Prajurit Demak jeung Cirebon teu mampu ngayonan tamtama jeung santana ti Talaga.

”Najan karajaan leutik sarta tadina bawahan Karajaan Talaga ogé, teu bisa diperuhkeun kitu waé,” ceuk urang Kampung Nunuk, Désa Cengal Kacamatan Maja, Kabupatén Majalengka.

Kampung Nunuk téh pernahna di léngkob Cisuluheun, walungan nu meulah Désa. Kawilang mencil, di lingkung ku leuweung nu rembet kénéh ku kakayon.

Baca Juga: Gunung Cakrabuana Malangbong Kabupaten Garut Tempat Para Jawara Guru Walangsungsang

Sanajan mencil, Nunuk teu kaasup kana golongan kampung adat, teu kawas Kampung Kuta, atawa Kampung Naga. Ngan urang Nunuk mah percayaeun pisan, wewengkonn téh kaasup sésa-sésa rahayat Talaga  nu pangahirna asup  agama Islam. Dina abad ka-15 katomérnakeun, Nunuk bawahan Talaga nu harita  dirajaan ku Parunggangsa.

Di Nunuk waktu éta, aya hiji  karajaan leutik nu nelah karajaan Siger Hanjuang. Raja pamungkasna Prabu Amukrasa, nu rundayan Hariang Banga, anak Prabu Permanadikusumah, raja Galuh.  Dina galur carita urang Nunuk teu kapanggih ngeunan patelakna Hariang Banga jeung dulur patétéréanana, Ciung Wanara atawa Radén Manarah.

Anu loba dipedar mah soal gagah rongkahna Prabu Amukrasa waktu nadah panarajang pasukan  Mataram  nu diluluguan ku  Radén Lumaju Agung jeung Sanghiang Rangkah.

Anu dimaksud teu bisa diperuhkeun waé ku urang Nunuk téh taya lian ti Karajaan Siger Hanjung waktu ditarajang ku pasukan Cirebon nu dibantuan ku Demak.

Baca Juga: Patilasan di Cibangban Desa Bunter Kabupaten Ciamis Aya Patalina jeung Prabu Niskala Wastukancana

Salahsaurang kulawadet Talaga, Rakéan Sontéwang nu mingpin perang ngalawan Cirebon, ninggalkeun tapak-tapak peperangan nu kacida pisan legana.

Upamana waé, Guha Cidakom, nu cenah di ieu tempat réa prajurit Cirebon nu tiwas lantaran kapitapak ku strategi perang nu dterapkeun ku Rakéan Sontéwang. 

Munding bulé, piaraan Prabu Amukrasa, kungsi ngahésékeun pasukan Cirebon. Di Nunuk, aya patempatan nu dingaranan tegal Cawet, baheulana di dinya pasukan Siger Hanjuang ngaheureuyan urang Cirebon sangkan kapitapak ku bubu nu dipasang ku urang Siger Hanjuang. Harita, pasukan Mataram teu bisa manggapulia.

Sabada ngalawan sawatara waktu lilana, para  sinatria Siger Hanjuang ahirna bisa diperuhkeun ku pasukan Cirebon.  Urang Siger Hanjuang  kakepung ku Cirebon di Kampung Garatengah.

Ceuk dina legénda, Talaga teu kungsi taluk ka Cirebon, sabab prajurit Cirebon geus leuseuh mantén  waktu ngayonan taktik perangna urang Siger Hanjuang. 

Baca Juga: Karajaan Galuh Lolobana Disabit  dina Dongeng jeung Babad

Sanggeus bisa meruhkeun sinatria Siger Hanjuang, pasukan Cirebon nu dibantu ku urang Majajaya ngaburak-barik karaton Siger Hanjuang tepi ka rata jeung taneuh.

Tempat anu dipercaya urut Karaton Siger Hanjuang, nyaéta di mumunggang Pasir Citayeum. Lebah tangkal caringin baradag nu umurna geus ratusan taun. Katelah ku sebutan makam Hanjuang.

Teu meunang make baju nu dikancingan

Ari nu dianggap patilasan Hariang Banga jeung Prabu Amukrasa di Cileuweung, leuweung nu kawentar sanget tur réa oray nu peurahna matih pisan.

Kuncén goong saketi nu diteundeun di Nunuk mun rék ngamandian goong saketi unggal bulan Mulud, cai keur ngamandianana téh ngahaja ngala ti sumur nu aya di Cileuweung.

Patilasan Hariang Banga jeung Prabu Amukrasa tepi ka ayeuna mindeng loba nu ngajarugjug. Nyepén jeung mandi di sumur  Cileuweung. Anu rék mandi teu meunang maké pakéan nu aya kancingan.

Mun awéwé maké samping nengah dada, ari lalakina mah disarung. Baju, calana, iket, kopéah méméhna dilaan sarta dititipkeun ka Abah Kuncén.

Waktu ditanya ku naon nu rék mandi di Sumur Cileuweung teu meunang maké pakéan nu aya kancingan Abah Kuncén ukur seuri. “Ah, tos kitu waé kedahna, upami dirempak téh bilih aya nanaon, bilih kumaha onam,” pokna.

Anu daratang ka sumur Cileuweung téh lolobana mah ngadon sarolat jeung ngadua’a. Mun méméh lohor, sok solat duha, aya nu diteruskeun ku solat Hajat atawa solat Istiharah, dituluykeun ku ngadu’a, munajat ka Mantenna supaya pamaksudnana tinekanan. “Da ari neneda mah tetep ka Gusti Alloh,” ceuk salahsaurang nu tas jaroh.

Bisa jadi pangna nu loba nu ngadon sarolat, solat wajib jeung solat sunat diteruskeun ngadua’a di dinya alatan tempatna iuh, linduh, tiis, matak ningtrimkeun, matak husu solat jeung munajat ka Gusti Alloh. Solat moal tepi ka ébat, pédah loba gangguan upamana. Kitu deui ngadu’a bisa leuwih manteng ka Mantenna. 

“Najan tacan kacatet dina sajarah jeung tacan kaungkab mungguh élmu sajarah Nunuk téh beunang disebutkeun karajaan bawahan Talaga pamungkas  di sa-Pajajaran nu ngagem agama Budha. Saterusna mah apan urang Sunda téh ngagem agama Islam, kaasup urang Nunuk,” ceuk Yudi Firmansyah S.H, nonoman  pituin urang dinya.

Kilang kitu, ari adat tatali karuhun mah teu diditinggalkeun. Upamana, anu boga hajat, sok masang saweuy jeung kasanjinem dina caringin nu pernahna tengaheun alun-alun Désa Nunuk.

Tradisi ninun ku baréra, nyieun lawon tina kapuk atawa tina kapas, masih kénéh katingal dipigawé ku urang dinya, najan kaén ayeuna mah geus ngaleuya di mana-mana.

Bedol Desa

Jaman Walanda, taun 1938 lantaran dianggap bakal ngaganggu kana sistem konservasi lahan,  sarta Nunuk téh pernahna di jalur sésar nu sawaktu-waktu bisa urug atawa Ci Suluheun caah,  urang Nunuk ku Belanda  dibedol désa, dipindahkeun ka Leuweung Koda  nu engkéna jadi Désa Kodasari. Dua puluh taun ti harita, dipindahkeun deui ka Majasari.

Nunuk kiwari dieusian deui, pikeun neruskeun kahirupan nu dipitembeyan ku luluhurna. Tepi ka danget urang Nunuk percayaeun di wewengkonna kungsi ngadeg karajaan Siger Hanjuang sarta sinatriana mampuh ngalawan pasukan Cirebon sarta pasukan Cirebon teu kungsi nalukeun Talaga alatan béak tanaga.

Karajaan Hindu Budha Pamungkas

Dina catetan sajarah, Karajaan Talaga téh karajaan Hindu Budha panungtung di wilayah Cirebon. Caremna Talaga sanggeus Sunan Gunung Djati nyebarkeun agama Islam ka wewengkon karajaan-karajaan nu tadina bawahan Karajaan Sunda nu puseur dayeuhna di Pakuan-Pajajaran, Kota Bogor ayeuna.

Raja Talaga nu pangahirna:  Prabu Talagamanggung atawa disebut ogé Radén Panglurah. Di lelewek Kacamatan Talaga ayeuna kungsi kapanggih arca tina perunggu nu diduga arca Radén Panglurah.

Éta arca téh kiwari diteundeun di Museum Nasional, di Jakarta. Ngan tacan aya panungtikan nu gemet naha éta arca téh bener arca Radén Panglurah.

Prabu Talagamanggung, najan pasukan ti Cirebon beuki ngangsreg, sarta prajurit-prajurit pinilihna loba nu kasoran di médan laga, keukeuh narah ageman, narah pindah agama.

Pikeun nyinglar beuki loba korban ti rahayatna, Prabu Talagamanggung ahirna milih ngahiang, milih tilem, atawa ceuk ajaran Hindu Budha mah moksa.

Tempat ngahiangna téh di situ nu kiwari katelah ku sebutan Situ Sangiang, salahsahiji objék wisata alam di Kabupatén Majalengka nu kaliwatan ku jalan Cikijing – Maja.

Tepi ka ayeuna, Situ Sangiang téh dianggap sanget, anu arulin ka dinya kudu ngéstokeun sababaraha pantrangan sarta mun dibaékeun bakal kajadian nu teu diharepkeun.

Di Kacamatan Talaga, lian ti arca perunggu nu diduga arca Prabu Talagamanggung, kapanggih ogé tujuh arca perunggu séjénna: Arca singa leutik, dua pancuran candi, dua sesemplekan arca gajah, dua gamparan (sendal),  pakarang tina beusi, goong, jeung lila. Di antara tujuh arca perunggu, tilu di antarana arca Budha.

Anu lianna arca Wisnu hiji, Awalokitéswara jeung patung-patung Budha nu sirahna opat jeung leungeunna genep. Patung Budha diteundeun di Museum Nasional Jakarta.

Titinggal nu mangrupa naskah kuna ogé kapanggih, naskahna ditulis dina daun lontar. Ayeuna diteundeun di Perpustakaan Nasional Jakarta.

Ku kapanggihna titinggal baheula nu nyirikeun Hindu Budha, parasajarawan masitkeun Talagamanggung téh karajaan Hindu Budha. Runtag alatan ékspansi pasukan Cirebon.

Pikeun méiling kungsi ngadegna karajaan Talagamannggung, rundayan Karajaan Talagamangung unggal maneuh ngayakeun ritual, di antarana meresihan titinggal Talagamanggung.***

 

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler